Berlangganan via email

Seluruh tulisan, gambar, dan foto dalam blog ini di bawah lisensi: Lisensi Creative Commons
ciptaan disebarluaskan di bawah Lisensi Creative Commons Atribusi-NonKomersial-TanpaTurunan 3.0 Tanpa Adaptasi.

Sunday, 18 June 2017

Warna Sunda

Saéstuna tarékah napsirkeun kosmologi Sunda mangsa bihari saperti nu dipigawé ku Jacob Sumardjo téh penting pisan, sajaba ti mangpaat geusan ngarékonstruksi sajarah pamikiran urang Sunda, ogé geusan ngabuktikeun tingkat bebeneranana saupama nimu sumber-sumber anyar. Perkara anu can pati écés téh salasahijina perkara warna urang Sunda. Polémik nu katémbong dina silang pamadegan téh umumna mah matojaiahkeun dua warna: hideung jeung bodas, sakumaha nu nyampak pisan gékgékanana dina raksukan urang Sunda. Nu ngarasongkeun pamadeganana téh biasana suméndér kana rupaning dokumentasi atawa fakta antropologis, saperti nu nyampak di masyarakat kampung adat atawa kana bukti dokumentasi mangsa kolonial. Ieu tulisan baris ngasongkeun pamadegan séjén dumasar kana sumber Sunda Kuna sakumaha nyampak dina teks-teks pra-Islam.

Warna dasar
Dina konsép modél warna keur monitor atawa percétakan modéren urang mikawanoh modél warna RGB (Red, Green, Blue) jeung CMYK (Cyan, Magenta, Yellow, Key). Naha urang Sunda ogé boga? Bawirasa, pikeun ngajawab ieu pananya urang perelu nyalusur ngaliwatan prakték ngawarnaanna sorangan. Nu paling katara mah ngaliwatan prosés mulas kantéh sakumaha nu nyampak dina téks-téks buhun. Nalika Bujangga Manik mulang ti wewengkon tebéh wétan, kasampak indungna eukeur ngeuyeuk, cenah gé, eukeur “neuleum nuar nyangkuduan”. Ieu ungkara formula dalapan engang téh remen kapanggih dina téks-téks Sunda Kuna séjénna, ilaharna pikeun ngagambarkeun prosés ngawarnaan kantéh. Kantéh nu dicelep diwarnaan tinangtu pulas bodas, pulas kapas.
Tina ungkara “neuleum nuar nyangkuduan” téh urang meunangkeun gambaran tilu warna nu dihasilkeun tina éta tilu kecap pagawéan. Neuleum téh dina kamus Danadibrata mah dihartian nyelep kaén ku leutak nepi ka ngahasilkeun kaén hideung. Demi kecap nuwar aya patalina jeung cituar. Dina kamus Danadibrata (kaca 144) kacatet yén cituar téh ‘cicelep nu warnana konéng pikeun nyelep kantéh bodas’. Hanjakalna dina sakabéh kamus teu dijelaskeun naha tuar téh ngarujuk kana ngaran tatangkalan atawa ngarujuk kana naon. Pamungkas, kecap nyangkuduan asalna tina kecap cangkudu, ngaran tatangkalan anu akarna sok dipaké nyelep pulas beureum. Ngawarnaan kantéh ku cangkudu téh henteu ngan ukur kapanggih di Sunda, tapi di kabudayaan séjén di Nusantara gé geus ilahar.
Ti dinya urang meunangkeun gambaran yén pulas nu ilahar pikeun ngawarnaan kaén téh hideung, konéng jeung beureum, nu dilarapkeun kana kantéh pulas bodas. Naha upamana héjo, pulas anu sakirana babari dicokot tina lingkungan sabudeureunana teu disebut? Ieu hal tangtu patali jeung konsép urang Sunda sorangan ngeunaan warna dasar. Cindekna, pulas dasar Sunda téh aya opat: bodas, beureum, konéng, jeung hideung (nila). Ieu pola kosmologi warna, upama ditingali konteksna mangsa pra-Islam, tangtu teu leupas tina pola pikir masyarakat Hindu-Sunda. Opat warna ieu téh ngawakilan opat pongpok angin: bodas di wétan, beureum di kidul, konéng di kulon, sarta hideung di kalér. Saenyana aya hiji nu minangka pancer, nyaéta mancawarna atawa anéka warna. Ieu kosmologis téh copélna diagem abad ka-16 atawa saméméhna, sakumaha katangén dina Siksa Kandang Karesian. Pon kitu deui dina gambaran haseup parupuyan nu disabit-sabit dina Sang Hyang Swawar Cinta (koropak 626), atawa dina jampé Panyukat Aji Cakra (koropak 421), ngandung konsep kosmologi warna jeung déwa nu sarua.
Anis Djajasoebrata kungsi nétélakeun yén ieu pulas-pulas téh mibanda dua pasipatan simbolik, nya éta sakral jeung profan. Hideung jeung konéng téh pulas profan, sedeng beureum jeung bodas pulas sakral. Teu apal ti mana Djajasoebrata meunangkeun ieu tapsir, tapi ieu anggapan téh loyog upama dibandingkeun jeung data tina téks-téks Sunda Kuna sarta diperenahkeun kana kosmologi pongpok angin jeung arah nyanghareup. Purwa jeung daksina (wétan jeung kidul), hareup jeung katuhu, bodas jeung beureum, mangrupa wewengkon anu sakral; bayabya jeung utara (kulon jeung kalér), tukang jeung kénca, konéng jeung hideung, nya sabalikna. Prosés ngawarnaan tina ungkara ieu téh dibacana ti nu profan ka nu sakral: neleum nuwar nyangkuduan; hideung, konéng, beureum, ninggang kana kantéh bodas.
Bisa jadi raksukan urang Baduy luar jeung jero téh nuduhkeun simbolisasi dua kutub nu pangekstrimna. Raksukan bodas nu sakral dipaké ku Urang Baduy jero di kidul, hideung anu profan dipaké ku Urang Baduy luar di kalér. Mikawanoh sistem kosmologis Sunda Kuna dina konteks pra-Islam nu sawaréh mah nganteng tapakna di kiwari, jadi perkara anu bawirasa penting geusan napsirkeun titinggal-titinggal karuhun nu tangtu dijieun dumasar sistem kapercayaanana, lain karya tambuh laku.


Edisi Cetak dimuat di Rubrik Kalam, Pikiran Rakyat, 3 April 2017.

0 comments:

Post a Comment

Daftar Artikel