Berlangganan via email

Seluruh tulisan, gambar, dan foto dalam blog ini di bawah lisensi: Lisensi Creative Commons
ciptaan disebarluaskan di bawah Lisensi Creative Commons Atribusi-NonKomersial-TanpaTurunan 3.0 Tanpa Adaptasi.

Sunday, 18 June 2017

Bhīma Swarga


Urang Bali kiwari tangtu geus moal bireuk kana lalakon Bhīma Swarga téh, sidik populér pisan. Di toko-toko souvenir mindeng pisan manggihan lukisan bali nu ngagambarkeun Bhīma ngaburak-barik naraka. Témbok di jero pura agung Kerta Gosa ogé kapan sabudeureunana dipasieup ku lukisan Bhīma nyalametkeun bapana tina kawah. Lukisan-lukisan éndah ieu téh didadasaran kana lalakon wayangna, nu keur urang Bali mah kaasup lalakon nu  pangsakralna. Ceuk Hedi Hinzler dina bukuna The Bhima Swarga in Balinese Wayang (1981), ieu lalakon téh mindeng dipintonkeun dina raraga upacara kremasi sabada kapapaténan bari ngamuliakeun para karuhun (pitrayadnya), nu ditujukeun pikeun para arwah nu ngantunkeun supaya salamet, sarua jeung Pāṇḍu nu disalametkeun ku Bhīma.

Dina mangsa pra-Islam, copélna méméh abad ka-16 mah, jigana ieu lalakon téh teu ngan populér di Bali waé, tapi ogé di sakuliah Jawa deuih. Buktina, di Candi Sukuh (Karanganyar, Jawa Tengah), candi anu ceuk Denys Lombard mah kaasup candi anu pangnyongcolangna, nu digunakeun pikeun upacara ritual mangsa abad ka-15, anu lain ngan ukur némbongkeun tradisi hindu, tapi leuwih utamana tradisi lokal urang Jawa, kagambarkeun dina reliefna lalakon nu rék dibahas dina ieu artikel (tingali gambar 1). Sajaba ti éta, mun seug urang mariksa pabetékan naskah Merapi-Merbabu nu kiwari diteundeun di Perpustakaan Nasional (Perpusnas) di Jakarta, bakal kapanggih copélna 6 naskah anu ngandung lalakon Bhīma Swarga téh. Kabéhanana ditulis dina basa Jawa Kuna.


Carita Bhīma Swarga nu kapanggih di Tatar Sunda téh ditulis dina basa lancaran, eusina mangrupa paguneman antara Bhīma jeung Bhaāra Guru. Ieu versi téh béda jeung versi naratif nu populér di Bali, nu leuwih nyoko kana versi puisi nu disebut kidung. Dina versi Jawa Barat mah nu diteueulkeun lain caritana, tapi dialogna. Caritana mah dimimitian ku ambekna Bhaāra Guru alatan Bhīma ngancur-leburkeun kahyangan samalah ngéléhkeun déwa nu ngawasa naraka, Yama. Guru murka bari nalék Bhīma naon pangna kalakuan Werkodara téh bet kawas jalma owah. Bhīma mampuh ngajawab kana sakur pasualan nu diasongkeun ku Guru nepi ka sang murbéng jagat téh boboléh, nu pamustunganana nganugrahakeun sawarga ka Pāṇḍu. Nya ngaliwatan dialog tan pegat antara Guru jeung Bhīma, doktrin śiwaisme nu kacida kompleks jeung beungharna téh dibéjérbéaskeun. Keur sakuringeun mah, ieu téks téh kacida pentingna keur kajian Jawa Kuno, sajajar ajénna jeung téks-téks saperti Nawaruci, Dewa Ruci, Tantu Panggĕlaran atawa Korawāśrama.


Kalungguhan Bhīma téh nenggang ti batan kabéh dulur-dulurna. Inyana lain ngan saukur pahlawan dina perang Bharatayuddha, tapi ogé salasahiji manifestasina Śiwa dina wujudna nu pikasieuneun (Śiva-Bhirawa). Ieu kalungguhan téh teu leupas tina konteks Jawa abad ka-15, mangsa ieu tokoh dimuliakeun pisan ku urang Jawa. Arca-arca jeung relief-relief nu sumebar di sabudeureun Jawa mangsa harita ngabuktikeun yén Bhīma téh dipuja boh minangka pangaping boh minangka juru salamet umat manusa.


Sanajan di Tatar Sunda bukti arkéologisna luput, copelna ingetan urang Baduy nu kungsi dicatet ku urang Éropah, C.L. Blume taun 1824 (dina Termorshuizen 1993:38), ngabuktikeun yén tokoh Bhīma téh kungsi disembah jeung dimulyakeun ku urang Sunda deuih:
Edisi cetak dimuat dina Kalam Pikiran Rakyat, tanggal lupa.


Gambar 1. Relief Bhīma Swarga di Candi Sukuh, Jawa Tengah

Sajaba di Jawa béh wétan, ieu lalakon téh singhoréng kungsi dipikawanoh ku urang Sunda deuih. Dumasar tradisi naskah di Jawa Barat mangsa pra-Islam, kapanggih copélna tilu naskah Bhīma Swarga, dua di antarana diteundeun di Perpusnas (Cod. L 623 & L 455) (tingali gambar 2), hijina deui di Kabuyutan Ciburuy (sumebar dina tilu koropak, nyaéta Lontar VII, Kropak 20, jeung Kropak Ciburuy XIII) (tingali gambar 3). Naskah nomor L 455 ditulis dina gebang, nu dua deui dina lontar maké aksara Sunda Kuna. Nu matak hélokna mah, basana Jawa Kuna! Ieu hal nuduhkeun yén tradisi nyalin naskah di Tatar Sunda mangsa pra-Islam téh ngawengku ogé naskah-naskah nu ditulis lain dina basa Sunda Kuna.


Gambar 2. L 455 koleksi Perpustakaan Nasional RI



Gambar 3. Naskah Bhīma Swarga koleksi Kabuyutan Ciburuy

Kapanggihna tilu naskah nu jolna tradisi naskah di Tatar Sunda pikeun nuliskeun teks Bhīma Swarga nuduhkeun yén ieu téks téh kacida populérna keur masarakat Sunda bihari (ilaharna naskah-naskah ti skriptorium di Jawa Barat pra-Islam mah unik). Kabuktian, ieu lalakon téh kungsi dicutat dina Siksa Kandang Karesian(1518 M) minangka salasahiji carita nu dilalakonkeun ku memen (dalang), kitu deui dina Sang Hyang Swawar Cinta (kira abad ka-16) minangka salasahiji carita nu dipintonkeun dina wayang (sagelar sang hyang wayang). Nu matak hémeng, nepi ka kiwari urang leungiteun tapakna. Asa can kungsi nyaksian lalakon lalakon Bhīma Swarga dina wayang golék Sunda. Aya éta gé lalakon Bhīma minangka tokoh utama dina wayang golék, upamana Bhīma Mungkus, Bhīma Suci atawa Bhīma Murka, ngan éta lalakon téh mangrupa adaptasi tina lalakon wayang Jawa sabada périodeu Islam.

Batara Bhīma is de magtige beschermer en middelaar, aan wien, zoo als ook aan eenige andere heiligen, zij hunne gebeden rigten, om bij dat algoede wezen de vervulling hunner wenschen te erlangen, bij welke gebeden zij gewoon zijn rijst enz. te offeren. Zij mogen noch het opperwezen, noch hunnen voornamen middelaar Batara Bhīma door eenig beeld zinnelijk voorstellen, terwijl zij daarentegen aan vele andere heiligen, aan welke door hen een bijzondere invloed op hun lot wordt toegekend, in steenen beeldtenissen langs de oevers van den Tjioedjoeng hunne hulde hebben toegebragt.

Tarjamahan bébasna:
Bhaāra Bhīma téh panangtayungan nu agung katut perantara, nya ka anjeunna, ogé ka tokoh-tokoh suci nu séjén, maranéhna ngahaturkeun du’a sangkan hasil naon pamaksudan maranéhanana. Paneda maranéhanana ilaharna mah dilengkepan ku sasajén béas sapuratina. Maranéhna teu diwidian ngarepresentasikeun nu Maha Kawasa, atawa perantarana, nya Bhaāra Bhīma téa, kana wangun nu kumaha waé, sok sanajan di saparat walungan Ciujung maranéhna nyarembah kana representasi tina batu tokoh-tokoh mulya nu séjénna anu penting pisan keur jalan hirup maranéhanana.


0 comments:

Post a Comment

Daftar Artikel