Berlangganan via email

Seluruh tulisan, gambar, dan foto dalam blog ini di bawah lisensi: Lisensi Creative Commons
ciptaan disebarluaskan di bawah Lisensi Creative Commons Atribusi-NonKomersial-TanpaTurunan 3.0 Tanpa Adaptasi.

Monday, 5 December 2016

Wirid Nur Muhammad

Satutas panalungtikan naskah Carita Waruga Guru ku Pleyte dina artikelna De Patapaan Adjar Soeka Resi (1913), urang kudu ngadagoan rada lila saméméh hasil panalungtikan anyar kana naskah-naskah Islam Sunda Kuna.Kakara dina taun 2004, Undang Ahmad Darsa nerbitkeun téks Bacaan Solat (tina kropak 421), nu digurat dina daun lontar bari aksarana Sunda Kuna. Satuluyna, téks Mantra jeung Pakéling ogé terbit dina buku Tutur Bwana dan Empat Mantra SundaKuna (wedalan Perpusnas jeung Pusat Studi Sunda, 2010).
Ieu tulisan baris ngabahas panalungtikan nu panganyarna, nu dipigawé ku Ade Ahmad, dina tésisna nu dijudulanWirid Nur Muhammad: Kajian Filologis dan Analisis Isi (UNPAD, 2014). Panalungtikan filologis nu didadasaran tina naskah daluwang KBG 75 koleksi Perpusnas téh, perelu diaprésiasi alatan sawatara hal. Saperkara, Ade Ahmad geus hasil nuduhkeun yén téks nu digarapna téh kawilang téks anu kalintang pentingna pikeun kamekaran panalungtikan naskah Sunda Kuna. Sok sanajan ditulis ngagunakeun aksara Sunda Kuna, basa dina téksna mah basa Jawa, bari dieuyeuban ku istilah-istilah Arab kayaning arsy, kalam, nur, jsté. Basa Sunda Kuna digunakeun ngan dina kolofon.Sajaba ti éta, naskahna disalin ku juru tulis anu geus kakoncara: Kai Raga, ngaran nu mindeng kapanggih dina titimangsa naskah-naskah pra-Islam. Ku sabab aksara Sunda nu digunakeun dina ieu carita téh némbongkeun ciri-ciri nu nenggang ti aksara dina naskah-naskah séjén, pedaranana ngeunaan aksara tampolana bisa jadi sumbangan pikeun ulikan paléografis aksara Sunda Kuna.
Kadua perkara, onjoyna panalungtikan Ade Ahmad téh lain baé ku sabab anjeunna hasil méréeupansakop-kopeun ka para ahli sajarah Islam di Tatar Sunda, tapi ogé némbongkeun usahana jeroning ngungkulan pasualan filologis sabudeureun naskah. Naskah KBG 75 téh kaasup naskah tunggal (codex uniqus), taya salinanana. Sigana ieu alesan nu ngalantarankeun éditor ngamangpaatkeun édisi faksimili, nyaéta némbongkeun kaayaan naskahna ngaliwatan foto unggal kaca naskahna bari dibarengan ku alih aksara diplomatis. Tinimbangan ieu téh, bawirasa,merenah pisan, ana seug urang inget kana nanasiban naskah Carita Waruga Guru nu ngahiang biheung ka mana. Sacara langsung Ade Ahmad geus mulasara téks minangka dokumén, nyumponan sarat nu diajukeun ku Tanselle dina bukuna nu kawentar “A Rationale of Textual Criticism” (1992). Palias upama naskah nu aslina leungit, ku sikepna nu transparan, éditor geus mukakeun jalan pikeun panalungtik-panalungtik ka hareupna nu hayang mariksa naskahna atawa bacaan éditor.Sajaba ti nyadiakeun faksimil naskah jeung transliterasina, Ade Ahmad ogé ngédit hasil alih aksarana sarta narjamahkeun eusina ongkoh. Tina ieu éditan, urang uninga yén ieu naskah ngandung tujuh téks anu mandiri. Parandéné kitu, dua téks pangheulana nu jadi jejer utamana mah, nya éta prosés diciptakeunana alam jeung nabi Adam, basa anjeunna nunggelis di sawarga, diciptakeunana babu hawa tina rusuk kéncana, sarta nataan rundayan ti nabi Adam nepi ka Prabu Siliwangi. Cindekna mah, lalakon kumelendangna alam dunia téh disingget ku pangarang bari cindekna ngalégitimasi Prabu Siliwangi, rundayan pangpandeurina, minangka tokoh bagéan tina khazanah sajarah Islam. Ieu teks silsilah bisa dibandingkeun jeung Waruga Guru, sanajan ti ditu ti dieu aya waé bédana. Tina ieu babandingan, panalungtik nyindekkeun yén ieu téks téh ditulis dina awal abad ka-18.
Téks nu katilu nataan ngaran malékat katut fungsina séwang-séwang. Nu matak narik, sajaba ti ngaran Arab téh, kapanggih ogé ngaran lokal. Geura wé ieu cutatana:

Lan bapa babuhing malékat hiku Sang Janatullah arané.

Kangmatak hagawa katulah Malékat Tabarabattulah arané.

Kangmatakmangan, Malékat Sang Raja Munah arané.

Malékat kang matak arip, Sang Riwana Hérang harané.

Malékat kang amungguhing tumbakkeris, 
Malékat Parapat Hérang harané. (hlm.118).

Téks nu kaopat eusina mantra sangkan dianugrahan rijki “mugiya tuduhhaken rajekinisun”. Téks nu kalima eusina mantra sangkan teu katulah ku pangeusi jagat, hasil pamaksudan, sarta bisa ngéléhkeun satru“Sigek gelis dadi wong gedé sarta gelis tarbukatur hora katulah déning pangisi ring jagat sarta tinekansapanejanésarta lebur satruné sarta madi sajiddé kinawedén déning sétana”
. Dua mantra pamungkas mah ngeunaan daptar malékat katut pancénna enggoning ngariksa manusa jeung mantra sanak lilima nu dipatalikeun jeung lima unsur: bumi, awang-awang, cai, angin jeung seuneu.Mémang rada hanjakal, ulikan analisisna kurang dieuyeuban ku sumber-sumber teks tasawuf Islam di Tatar Sunda saperti Layang Muslimin Muslimat, Kitab-kitab Tarékat (Satariyah, Naqsabandiyah atawa Hakmaliyah), atawa karya-karya nu sawanda dina tradisi kasusastraan di Nusantara.Minangka panutup, asa kacida lebarna saupama ieu tesis téh teu diterbitkeun keur balaréageusanbahan ulikan sajarawan nu minat kana wacana Islam jeung Sunda.



Naskah KBG 75 nu eusina Wirid Nur Muhammad 
(Koleksi Perpustakaan Nasional)


Nu nulis, filolog di Perpustakaan Nasional RI.
(versi cetak dimuat dina Rubrik Kalam, Pikiran Rakyat 31 Agustus 2016) 

0 comments:

Post a Comment

Daftar Artikel