Berlangganan via email

Seluruh tulisan, gambar, dan foto dalam blog ini di bawah lisensi: Lisensi Creative Commons
ciptaan disebarluaskan di bawah Lisensi Creative Commons Atribusi-NonKomersial-TanpaTurunan 3.0 Tanpa Adaptasi.

Monday, 24 October 2016

Naskah Sunda Kuna Katompérnakeun

Ku Aditia Gunawan & Atep Kurnia


Sok sanajan sarjana Walanda nu geus moal bireuk deui kayaning Holle, Brandes jeung Pleyte geus maca sarta nyalin sawatara naskah Sunda Kuna, ngan kakara Pleyte, dina taun 1913, nerbitkeun eusi naskah sacara lengkep. Naskah nu diumumkeunana téh dijudulan Carita Waruga Guru. Nya Pleyte kénéh nu selang sataun ti harita, nerbitkeun deui édisi lengkep teks Carita Purnawijaya. Ti harita edisi-edisi lengkep kana naskah-naskah Sunda Kuna téh pakeum. Ngan kakara dina taun 60-an nguniang deuina téh. Poerbatjaraka nyieun édisi lengkep Carita Parahiyangan, nu diropéa boh susunan lempirna, boh tafsirna Noorduyn, tuluy dijieun deui édisi kalayan tarjamahan basa Sunda kiwari ku Atja (1968). Ku jasa-jasana Atja jeung Saleh Danasasmita almarhum sawatara téks Sunda Kuna petingan bisa kaungkab. Taun 1970 Atja nerbitkeun Carita Ratu Pakuan (kropak 410), sarta taun 1981 babarengan jeung Saleh Danasasmita, ngumumkeun téks nu pohara pentingna keur urang Sunda: Sanghyang Siksa Kandang Karesian (kropak 630) jeung Amanat Galunggung (kropak 632). Taun 1986, Saleh Danasasmita, Tien Wartini, Undang A Darsa, jeung Ayatrohaédi ngumumkeun Séwaka Darma (kropak 408). Ayatrohaédi nerbitkeun Jatiniskala (kropak 422) (1988) jeung Serat Déwabuda (2000), sarta taun 1995, dibantuan ku Munawar Holil, nerbitkeun teks Kawih Paningkes (kropak 419). Taun 1998, Undang Ahmad Darsa, dina tésisna, ngalengkepan panalungtikan Mang Ayat kana Serat Déwabuda sarta nyieun édisi bari nambahkeun dua naskah (kropak 634 dan 637). Daftar panalungtikan nu ditataan ieu téh ngurung waktu nu pohara panjangna: méh saabad pisan.



Sabada KIBS
Nguniangna deui panalungtikan kana naskah-naskah Sunda Kuna téh, sacara langsung atawa henteu, teu leupas tina andilna Konferensi Internasional Budaya Sunda taun 2001. Ieu pasamoan téh ngahasilkeun rumusan jeung rekomendasi stratégis patali jeung widang nu disawalakeun. Dina widang filologi, upamana, KIBS ngarékomendasikeun perlu diterbitkeunana kalayan mayeng naskah-naskah Sunda Kuna. Nepi ka mana lajuning lakuna? 

Salasahiji rékomendasi KIBS I nyaéta ngawangun Pusat Studi Sunda (PSS) nu kagiatan konkritna nerbitkeun buku séri Sundalana. Nu jadi ciri mandiri ieu buku séri téh nyaéta dina saban nomor dieuyeuban ku hiji hasil garapan filologis kana naskah Sunda Kuna. Dina nomor kahiji (2003), upamana, naskah Sunda Kuna nu diterbitkeun téh nyaéta Fragmén Carita Parahyangan jeung Carita Parahyangan. Nomor-nomor satuluyna Sanghyang Raga Dewataku Undang Ahmad Darsa (Séri no.2), Silsilah Prabu Siliwangi, Mantera Aji Cakra, Darmapamulih Hyang Niskala, dan Ajaran Islam (Darsa &Ekadjati, no.3), Jatiraga (Darsa & Ekadjati no.4&5), Carita Ratu Pakuan (Darsa, no.6), Séwaka Darma (Darsa & Wartini, no.7), Kala Purbaka (Gunawan jeung Kriswanto, no.8), jeung Warugan Lemah (Gunawan, no.8).

Panalungtikan nu diterbitkeun sacara mandiri gé renung deui. Edi S Ekadjati dan Undang A Darsa nerbitkeun Darmajati (kropak 423). Taun 2006, A. Teeuw menerbitkan kalayan lengkep teks-teks Sunda Kuna nu panalungtikanana can sempet diréngsékeun ku sobatna, J. Noorduyn, nyaéta Para Putera Rama dan Rawana (kropak 1102), Sri Ajnyana (kropak 625), jeung Bujangga Manik (naskah Bodleian Library Inggris). Dina taun éta kénéh Edi S Ekadjati jeung Undang A Darsa kalayan meunang sponsor The Toyota Foundation ngumumkeun deuiédisi lengkep Gambaran Kosmologi Sunda (kropak 420), Mantra Aji Cakra, Darma Pamulih, dan Silsilah Prabu Siliwangi (ketiganya kropak 421) jeungJatiniskala (kropak 422). Taun 2009 Aditia Gunawan nerbitkeun Sanghyang Sasana Maha Guru (kropak 621) jeung Kala Purbaka (kropak 506). 

Ku alpukahna Ajip Rosidi, taun 2010 Pusat Studi Sunda ngayakeun gawé bareng jeung Perpustakaan Nasional pikeunnalungtik naskah-naskah Sunda Kuna nu diteundeun di Perpusnas. Hasil tina ieu gawé bareng téh taun éta kénéh antarana terbit Tutur Bwana (kropak 620) jeungopat mantra Sunda Kuna (kropak 409, 413 & 414, 621b, 610). Heuleut sataun (2011) medal Sanghyang Swawarcinta(kropak 626) jeung Sanghyang Tatwa Ajnyana (kropak 1099). Taun 2014 medal Kawih Pangeuyeukan, Silsilah Panjalu, Mantra Putra Soléman, Jampé NyitujeungRajah Nyi Pohaci Dangdayang Tresnawati (tina naskah 407), sarta Pabyantaraan (1101). Lian ti éta, aya sawatara panalungtikan di paguron luhur nu kungsi kacatet, antarana Siksa Kandang Karesian tina naskah 624 (Ilham Nuwansah, UPI), sarta dua panalungtikan nu dipedar dina ieu rubrik: Wirid Nur Muhammad, tésisna Ade Ahmad (UNPAD) jeung Kawih Katanian (Ilham Nurwansah). Gambaran di luhur téh saéstuna nuduhkeun yén sabada KIBS, kaayaan panalungtikan naskah Sunda Kuna téh matak pikabungaheun,turug-turug kiwari aksés keur dua sumber utama naskah, Perpusnas jeung Ciburuy, geus kabuka keur balaréa. Sakabéh naskah Sunda Kuna di Perpusnas geus didata ku Munawar Holil jeungAditia Gunawan (2009), atuh nu di Ciburuy geus bisa diaksés kalayan gratis dina internet ngaliwatan situsna British Library.  

(Edisi Citak dimuat dina Pikiran Rakyat 22 Agustus 2016)

0 comments:

Post a Comment

Daftar Artikel