Berlangganan via email

Seluruh tulisan, gambar, dan foto dalam blog ini di bawah lisensi: Lisensi Creative Commons
ciptaan disebarluaskan di bawah Lisensi Creative Commons Atribusi-NonKomersial-TanpaTurunan 3.0 Tanpa Adaptasi.

Monday, 21 January 2013

Kamus Dalem Pancaniti

Aditia Gunawan

R.A.A. Kusumaningrat nu katelah Dalem Pancaniti dipikawanoh ku urang Sunda minangka panaratas tembang Sunda Cianjuran. Para ahli musik, boh ti urang Sundana sorangan boh ti luar negeri, réa nu katarik ati kagémbang manah ku kasenian ieu. Sajaba ti éta, Kusumaningrat téh bupati Cianjur (1834-1863). Nepi ka kiwari iraha pupusna Dalem Pancaniti can kaguar kalawan pasti. Dina naskah Sajarah Bopati-bopati di Cianjur mah aya kateranganana. Dalem Pancaniti tilar dunya dina poé Saptu, wanci surup panon poé, tanggal 10 Muharam 1290 H (26 Juni taun 1863), dimakamkeun di kompleks Pasaréan Agung, Pamoyanan, Cianjur. Jadi, nepi ka pupusna Dalem Pancaniti jadi Bupati téh.

Sing saha waé anu aya karep nalungtik tembang Sunda, utamana sajarahna, tangtu Dalem Pancaniti téh kasabit-sabit minangka panaratas tembang Sunda. Numutkeun Hasan Sueb, nalika Kusumaningrat jeneng Bupati, anjeunna ngajadikeun pendopo lain ngan saukur tempat pikeun urusan pamaréntahan baé, tapi pikeun kasenian jeung kabudayaan deuih. Samalah éta pendopo téh dijadikeun pusat kagiatan seni-budaya sakuliah Priangan. Salasahiji rohangan di pendopo tempat Kusumaningrat nyiar ilham tembang Sunda téh disebut Pancaniti, wangunan model pavilyun nu perenahna di kéncaeun padaleman. Nya éta nu ngajadikeun Kusumaningrat meunang jujuluk Dalem Pancaniti.

R.A.A. Kusumahningrat. Lukisan karya Raden Saleh
Taun 1854 (Koleksi Tropenmuseum)


Makam R.A.A. Kusumahningrat
Di kompleks pemakaman Pasarean Agung
Pamoyanan, Cianjur (Dok. Ilham Nurwansyah)

Cindekna, Dalem Pancaniti teu weléh idéntik jeung Tembang Sunda. Padahal, di sagédéngeun karya Dalem Pancaniti dina seni tembang Sunda, aya karya tulis anjeunna anu kawilang penting nu can kaguar, salasahijina nyaéta Kamus Malayu-Sunda.

Kamus Melayu-Sunda
Salasahiji karya Dalem Pancaniti anu kawilang pangpentingna téh Kamus Melayu-Sunda (saterusna disebut Kamus Pancaniti). Hanjakal Kamus Pancaniti ieu téh can kungsi medal, masih dina wangun naskah. Naskahna aya tilu. Nu dua kiwari diteundeun di Perpusnas, Jakarta (Kode SD 2 jeung SD 190), nu hijina aya di Leiden (kode LOr 2038). Nilik kana kolofon jeung tandatangan, jigana naskah autograf (tulisan asli) Dalem Pancaniti mah nu nomor SD 2. Naskah SD 2 asalna ti H.C. van der Wijks nu tuluy diakuisisi ku Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschapen (BGKW).

Tandatangan R.A.A. Kusumaningrat tina naskah autograf SD 2
(Dok. Aditia Gunawan)

Kamus Melayu Sunda karya Dalem Pancaniti réngsé disusun taun 1857 nalika anjeunna jeneng bupati Cianjur, sakumaha kaunggel dina kolofon naskahna:  “Ijang bertanda di tahta inie ijalah sahija Adipattie dari kabopaten Tjiandjoer, Arya Kusumaningrat, Tjiandjoer pada 26 hari bulan Desember 1857”. Hartina, Dalem Pancaniti jadi urang Sunda mimiti nu nyusun kamus!

Kamus Pancaniti koleksi Leiden (LOr 2038)
(Dok. Aditia Gunawan)

Tujuan Pancaniti nulis ieu kamus téh bawirasa pikeun kapentingan Walanda, sakumaha tulisan anjeunna dina tungtung karyana: “Dipersembahken kepada kangdjeng toewan daripada sahiya poenja kebodowan tijadalah sampoerna pengatahoewan ampoen lah kepada pihak haloewan. Sijang dan malem ijang diengetken, maloem ijang dikahendaken...

Numutkeun panalungtikan Mikihiro Moriyama (2003), dina taun 1843, BGKW ngumumkeun saémbara nyusun kamus nu leuwih alus ti Nederduitsch Maleisch en Soendasch Woordenboek susunan Andries de Wilde. Pancaniti nulis naskahna téh taun 1857, tilu taun samemeh Jonathan Rigg, nu ahirna meunangkeun saémbara, medalkeun karyana nu dianggap fénoménal, A Dictionary of the Sunda Language of Java. Hanjakal, Mikihiro Moriyama teu nyabit-nyabit Kamus Pancaniti dina pedaranana sabab ulikanana leuwih neueulkeun kana sumber-sumber cétakan. Boa-boa ieu kamus ogé ajangkeuneun saémbara BGKW.

Kamus Malayu-Sunda Dalem Pancaniti téh ngamuat kecap dasar dina basa Malayu, padanan dina basa Sunda, sarta katerangan dina basa Malayu. Nu matak narik, daftar kecapna teu disusun sacara alfabétis, tapi tématis, ngawengku 173 pasal, ti mimiti pasal kaayaan awak manusa nepi ka istilah tatangkalan jeung bungbuahan. Éntri Kamus Pancaniti jumlahna 8727 léma, ngawengku 3095 léma Malayu sarta 5632 léma Sunda. Ditulis dina wangun tabel lima kolom: kolom kahiji basa Malayu (léma dasar), kadua basa kawi, katilu basa Sunda Panengah, kaopat basa Sunda Kasar, kalima kolom katerangan dina basa Malayu.

Jigana mah kamus Pancaniti téh teu pati dipaliré ku Walanda, nu matak henteu nepi ka diterbitkeun ogé. Ku sabab Pancaniti téh urang Sunda, nya cara mikirna ogé dina basa Sunda. Éta hal katangén pisan tina cara ngajelaskeun léma dina kamusna: léma kecap Malayu nu ilaharna dina kamus diwangun ku kecap dasar, leuwih mangrupa katerangan. Sabalikna, katerangan dina basa Sunda cukup ku sakecap. Ieu hal tangtu béda jeung “seléra akademis” Walanda mangsa harita. Tapi perelu dicatet, ieu kamus téh dijieun ku Pribumi nu henteu diajar cara Walanda, mangsa dihasilkeunana ogé jauh saméméh Hussein Jayadiningrat, sarjana pribumi munggaran, nulis Kamus Aceh-Belanda nu tohaga.

Dina ieu kamus Pancaniti ogé nepikeun sawanganana ngeunaan pamakéan undak usuk basa. Pancaniti ngabagi panta-panta basa Sunda jadi tilu: basa Sunda kasar, basa Sunda Panengah, jeung basa Kawi. Sajaba ti éta Pancaniti nepikeun kumaha dipakéna éta tilu ragam basa téh. Upama teu aya basa panengah, kecap nu dipilih nyaéta basa Kawi. Upama taya basa panengah jeung basa kawi, kakara ngagunakeun basa kasar. Nu réa dipaké mah basa Kawi cenah, iwal mun papada cacah nu maké basa kasar téh. Éta ogé kudu nu pantes, lain basa kasar anu dipaké mun keur ambek. Gegedén maké basa panengah saupama nyarita ka bawahanana, kitu ogé basa Sunda panengah nu pantes, sumawonna ka nu geus kolot atawa ka dulur-dulurna. Katerangan éta bisa ngagambarkeun kumaha dipakéna undak-usuk basa tengah abad ka-19.

Kamus Pancaniti téh bisa dianggap karya nu kalintang pentingna, nu jadi bukti tanda kasadaran urang Sunda kana basana Sorangan dina période awal modérnisasi nu dibawa ku Walanda. Ku kituna, Kusumaningrat atawa Dalem Pancaniti téh kudu kasebut, copélna kasabit, upama urang nyaritakeun kamekaran basa Sunda, utamana kamekaran leksikografi Sunda sagédéngeun ngaran-ngaran nu geus kakoncara leuwih ti heula, saperti Jonathan Rigg, Coolsma, Eringa, Satjadibrata, jeung Danadibrata. 

Versi cetak dimuat dina Galura, edisi minggu katilu Januari 2013.

0 comments:

Post a Comment

Daftar Artikel