Berlangganan via email

Seluruh tulisan, gambar, dan foto dalam blog ini di bawah lisensi: Lisensi Creative Commons
ciptaan disebarluaskan di bawah Lisensi Creative Commons Atribusi-NonKomersial-TanpaTurunan 3.0 Tanpa Adaptasi.

Wednesday, 25 April 2012

Tacan, Acan, Teu Acan

Sakur anu diajar basa Sunda teu weléh ngarasa hémeng ku kecap acan jeung teu acan. Teu matak hémeng kumaha? Kecap acan anu diwuwuhan ku kecap pamungkir ‘teu’ bet teu ngarobah harti. Ahli basa Sunda, Wahyu Wibisana, kungsi nulis perkara ieu dina dua artikelna, nyaéta ‘Acan téh sarua jeung enggeus?’ jeung ‘Kecap acan béh dituna’ nu dimuat dina buku kumpulan artikel kabasaan karangan anjeunna Ngamumulé Basa Sunda (Wedalan Kiblat Buku Utama, 2011).

Dina artikel ‘Acan téh sarua jeung enggeus?’, anjeunna masihan conto pamakéan kecap tacan jeung teu acan dumasar kana buku Soendaasch-Hollansch Samenspraken anu terbit taun 1891. Tina conto-conto kalimah nu nyampak dina éta buku, Wahyu Wibisana nyatet dua perkara penting patali jeung kecap teu acan jeung tacan. Saperkara, kecap teu acanjeung tacan téh sarua hartina. Kecap tacan mangrupa wancahan tina teu acan, saperti taya tina teu aya, kadé tinamangkadé, mangkadé tina mangka hadé.

Kadua perkara, kecap tacan jeung teu acan béda larapna. Kecap teu acan digunakeun ku jalma nu status sosialna leuwih handap nalika nyarita ka nu status sosialna saluhureun. Kitu deui sabalikna, kecap tacan digunakeun ku nu status sosialna luhur nalika nyarita ka nu status sosialna sahandapeun.

Ku saliwatan mah jigana anggapan yén kecap teu acan nu dipondokkeun jadi tacan téh teu ngandung pasualan. Da ceuk Pa Wahyu, kéderna urang mah nalika kecap tacan dipondokkeun deui jadi acan. Prosés ngawancahkeun dua kecap anu balik deui kana salah sahiji kecap asal (teu acan jadi tacan jeung tacan jadi acan) bari ngaleungitkeun kecap teu anu boga fungsi ngalainkeun kecap acan. Sok sanajan Pa Wahyu nyindekkeun yén harti acan téh can kacukcruk, tapi judul artikel ‘Acan téh sarua jeung enggeus?’ saperti ngébréhkeun pamadegan ‘anu paling bisa ditarima’ ku anjeunna.

Tapi, sakumaha nu ditétélakeun ku Pa Wahyu dina artikel ‘Kecap acan béh dituna’, kecap acan mah baheulana (copélna abad ka-19) miboga fungsi “ngantebkeun hal-hal anu boga sipat négatif anu dilambangkeun ku kecap henteu anu aya di saheulaeunana” deuih, saperti nyampak dina kalimah “Undang téh teu datang-datang acan” atawa “manéhna teu dibéré-béré acan”. Nu matak, cenah, baréto mah Sundana kecap Indonésia belum téh nyaéta teu acan atawa tacan. Lain acanatawa can atawa encan (kaca 182-184).

Nyukcruk Kecap Tacan
Peun. Tunda heula parah dinya kéderna mah. Dina ieu tulisan, nu nulis baris ngasongkeun pamadegan ti Poerbatjaraka, ahli basa Jawa Kuna, dina bukuna Ramayana Djawa Kuna: Teks dan Terjemahan (Perpustakaan Nasional RI, 2010). Dina éta buku, Poerbatjaraka méré catetan anu euyeub kana tarjamahan téks Ramayana Jawa Kuna. Nu matak narik, sawatara catetanana ogé diwuwuhan ku babandingan basa Jawa Kuna jeung basa-basa lianna di Nusantara, samalah jeung basa-basa Éropa. Nu nulis rada ngarénjag basa maca Sarga ka-1 Pada ka-57 anu unina:

57. “Bālaka rary mapuṅguṅ, tapwan papraṅ tapwan panon çatru.
Yapwan wěnaṅāçaranā, sojarta mahārṣi tan wihaṅěn.”
57. Budak nu ngora, boloho, tacan kungsi ngilu jurit, tacan kungsi nénjo musuh.
Lamun sakirana rék dijieun pakumaha, pameredih sang maharesi moal ditampi.”

Dina catetan tarjamahan ngeunaan kecap tapwan, Poerbatjaraka nétélakeun yén: “Tapwan = belum, Sund. tacan daritapcan, sebab -wa- nya disangka -ca-.” Nilik Kamus Jawa Kuna-Indonésia susunan P.J. Zoetmulder (Gramedia Pustaka Utama, 2006),  harti kecap tapwan téh sarua jeung ‘tacan’ dina basa Sunda atawa ‘belum’ dina basa Indonésia. Hipotésisna Poerbatjaraka saliwatan mah matak cangcaya. Tapi, urang coba heula salusur leuwih jauh maksud tulisan Poerbatjaraka anu nganggap yén kecap tapwan téh di Sunda mah jadi tacan tina tapcan alatan “wa disangka ca”.

Kana anggapan Poerbatjaraka yén ‘wa disangka ca’ bisa jadi maksudna aya fénoména robahna foném w dina basa Jawa (Kuna) jadi c dina basa Sunda (Kuna). Fénoména ieu téh henteu ngan dina kasus ‘tapwan (JwK) -> tacan (SdK)’ wungkul. Conto nu séjén antarana ‘waringin (JwK) -> caringin (SdK)’, ‘rawa -> ranca’, ‘lawan (JwK) -> lancan (SdK)’, ‘lawa ->lancah’, ‘kawah (JwK) -> kancah (SdK)’, jeung lian-lianna deui. Tegesna, robahna w dina basa Jawa Kuna jadi c dina basa Sunda mangrupa fénoména kabasaan anu lumrah. Moal boa kecap cai nu dianggap ku sawatara ahli tina basa Cina téh saenyana aya patalina jeung kecap Jawa Kuna wai nu hartina sarua: ‘cai’ (Zoetmulder, 2006: 1460).

Lamun kecap tacan dina basa Sunda sarua hartina jeung kecap tapwan dina basa Jawa Kunaatuh leuwih kaharti upama nyebutkeun yén baheulana pisan mah kecap basa Indonésia ‘belum’ téh dina basa Sunda mah tacan. Hanjakalna mémang kecap tacan téh nepi ka kiwari tacan kapanggih dina téks-téks Sunda Kuna.

Teu apal ti mana mimitina nepi ka aya anggapan yén kecap tacan téh wancahan tina teu acan. Mun boga anggapan kitu, hartina kecap teu acan téh gelar saméméh kecap tacan. Sacara étimologi, bakal hésé nyukcruk hiji kecap anu ‘kaburu’ diwuwuhan ku kecap pamungkir teu, sabab saupama dicukcruk deui tina acan, kalah tambih pusing tujuh keliling.

Bisa jadi munculna kecap teu acan téh sanggeus urang Sunda kapangaruhan undak-usuk basa nu jolna ti Mataram. Sakumaha nu ditétélakeun ku Pa Wahyu, kecap tacan diucapkeun ku jalma nu status sosialna leuwih luhur, sedengkeunteu acan diucapkeun ku jalma nu status sosialna leuwih handap. Tegesna, cacah kuricakan mah kedah lengkep nyarios téh, dipahing ngawancah-wancah kekecapan (padahal kecap tacan téh geus lengkep). Upama ménak cekap ku nyarios “Kuma kami baé”, ari cacah mah kedah lengkep “Kumaha pangersa juragan baé”. Cindekna, mimiti munculna kakacowan harti kecap tacan téh nalika “diruksak” jadi teu acan (nalika basa Sunda geus kapangaruhan ku undak usuk basa), anu tuluy diwancah deui jadi tacan, tuluy diwancah deui jadi acan atawa variasi encan. Upama dibalikkeun, nyukcruk kecap asal tina acan téh tangtu kahalangan ku kecap teu acan téa. Antukna aya nu kudu dileungitkeun, nyaéta fungsi kecapteu. Padahal fungsi kecap pamungkir teu téh kacida mangaruhanana kana harti. Antara bener jeung teu bener téh apan sakitu patukang-tonggongna.

Saupama hipotésis yén kecap tacan mangrupa kecap asal nu gelar leuwih ti heula, pasualan anu perelu disalusur deui téh nyaéta robahna kecap tacan nepi ka jadi kecap acan anu boga fungsi “ngantebkeun kalimah négatif nu ditandaan ku kecap henteu atawa teu di saheulaeunana” sakumaha nyampak dina conto kalimah ‘manéhna teu datang-datang acan’.

Mudah-mudahan baé teu nambah kéder.

dimuat dina Cupumanik Maret-April 2012

0 comments:

Post a Comment

Daftar Artikel