Berlangganan via email

Seluruh tulisan, gambar, dan foto dalam blog ini di bawah lisensi: Lisensi Creative Commons
ciptaan disebarluaskan di bawah Lisensi Creative Commons Atribusi-NonKomersial-TanpaTurunan 3.0 Tanpa Adaptasi.

Sunday, 25 March 2012

Naskah Sunda Kuna jeung Naskah Merbabu

Bulan Maret taun 1865, Radén Saléh, juru lukis nu kawentar, ngaprak pulo Jawa pikeun ngumpulkeun jeung ngagambar timuan paleontologi. Sajaba ti hasil nimu timuan paleontologi téh, anjeunna hasil ogé ngumpulkeun naskah-naskah buhun nu masih dicepeng ku pribumi. Éta naskah nu dikumpulkeun téh laju disumbangkeun ka Masarakat Seni jeung Pangaweruh Batavia (BGKW), lembaga élit cendikiawan mangsa harita. Samalah, sababaraha naskah anu teu bisa kacokot sabab teu diwidian ku nu mibandana (hartina harita gé teu bisa dipaksa), ngahaja disalin di tempatna kapanggih. Nu ngawaragadanana, Radén Saléh ku anjeun.

Ceuk katerangan Pleyte (1914), nalika Radén Saléh anjog ka Cikuray, anjeunna kungsi tepung jeung incuna Kai Raga. Kai Raga téh dipikawanoh minangka salasahiji pangarang (atawa leuwih merenah juru salin) naskah Sunda buhun ti Gunung Larang Sri Manganti (ngaran heubeul ti Cikuray). Éta katerangan téh dimangpaatkeun Pleyte pikeun ngira-ngira waktu hirupna Kai Raga. Ditambah ku katerangan paleografis aksara nu digunakeun dina naskah Waruga Guru, dumasar itungan Pleyte, Kai Raga téh hirup dina awal abad ka-18.

Netscher, nu mimiti ngumumkeun ayana naskah Sunda buhun di Cilegon (Garut) jeung Ciburuy taun 1853, nétélakeun yén nalika éta naskah kapanggih, taya saurang ogé nu bisaeun maca kana éta naskah. Hartina, upama ngitung jeung waktu hirupna Kai Raga, nulis naskah dina naskah daun jeung daluang di kabuyutan Ciburuy téh méh saabad caremna.

Jumlah naskah Sunda Kuna nu nepi ka urang kiwari téh ku itungan saheulaanan sakabéhna aya 90 naskah. 27 naskah di Ciburuy, 63 naskah di Perpusnas Jakarta. Bisa jadi aya kénéh naskah-naskah Sunda Kuna nu diteundeun di masarakat nu can kapaluruh.

Naskah Merbabu
Nu dimaksud naskah Merbabu téh nyaéta kumpulan naskah nu mimiti kapanggih taun 1822 di lamping béh kulon Gunung Merbabu. Tilu puluh taun ti harita (1852), kakara kumpulan naskah Merbabu téh kakumpulkeun ka BGKW. Ayana ieu naskah mimiti dicatet dina Laporan Statistik tanggal 12 Agustus 1823 nu dijieun ku paréntahna Van der Capellen taun 1820. Dina éta laporan dicatet yén mangsa harita téh tétéla digencarkeun usaha pikeun meunangkeun naskah-naskah, sarta usaha éta téh hasil.

Dina éta Laporan ogé ditétélakeun yén nu nyepeng naskah harita téh Pak Kojo. Pak Kojo ngawaris éta naskah ti uyutna, Windu Sono nu geus tilar dunya leuwih ti dalapan windu (64 taun) saméméhna. Jadi, mun diitung ti 1823, tilar dunyana Windu Sono téh méméh taun 1759. Ana kitu mah, Windu Sono téh kira-kira hirup dina awal abad ka-18.

Jumlah naskah Merbabu nu nepi ka urang kiwari leuwih kurang aya 400 naskah. Méh sakabéhna kiwari diteundeun di PNRI Jakarta.


Hubunganana
Dina mangsa téks-téks Sunda buhun dihasilkeun, wewengkon Merbabu téh kawasna geus teu bireuk deui. Bujangga Manik kungsi ngadongdon ka Damalung. Ceuk Piegeaud (1926) nu disaluyuan ku Noorduyn (1983) Damalung téh ngaran heubeul tina Merbabu. Dina téks Bujangga Manik, kecap Damalung disebut ku ambuna nalika Bujangga Manik mulang ti wétan. Ambuna Bujangga Manik nyebutkeun “cunduk ti gunung Damalung, datangna ti Pam(e)rihan, datang ti lurah pajaran” (baris 595-597). Damalung téh dijadikeun tempat ku Bujangga Manik pikeun neuleuman pangaweruh agama “asak beunang ngajar warah, asak beunang maca siksa, pageuh beunang maleh pateh, tuhu beunang nu mitutur, asak beunang pangguruan (baris 598-602).

Sajaba ti Bujangga Manik, dina téks Sri Ajnyana ogé kapanggih istilah Damalung. Nu matak narik, Damalung jadi tempat lumungsurna Sri Ajnyana ti sawarga alatan milampah dosa “... Hanteu burung kasangsara, awaking jadi manusa, kapataka di buana. Turun aing ka Damalung, datang ka lurah Pantaran (baris 47-51). Dua téks nu disebut téh nandeskeun yén Damalung téh mangrupa tempat nyuprih élmu kaagamaan (lurah pajaran) nu penting.

Aya sawatara catetan nu matak narik tina dua skriptorium naskah nu disebut di luhur téh. Saperkara, ngaran Kai Raga jeung Windu Sono. Tétéla duanana hirup dina mangsa nu sarua nyaéta awal abad ka-18. Nilik katerangan Netscher dina taun 1853 yén dina mangsa kapanggihna naskah téh geus teu jadi bagian tradisi nu hirup, bawirasa Windu Sono jeung Kai Raga téh generasi pamungkas anu masih bisa nyalin naskah.

Kadua, naskah-naskah nu aya di Ciburuy jeung di Merbabu téh perenahna di lamping gunung béh kulon. Dina kolofon naskah Sunda Kuna mindeng kapanggih istilah Tanjak Barat nu pihartieunana “lamping kulon”. Perenahna kabuyutan atawa mandala di lamping béh kulon ieu téh bawirasa perlu dipaluruh leuwih jero.

Katilu, sacara paléografis, wangun aksarana méh sawanda. Samalah teks Kala Purbaka (kropak 506), nu kapanggih ku Friederich ti wewengkon Pekalongan, nuduhkeun hal penting. Naskahna ditulis ngagunakeun aksara Buda/Gunung anu nyeplés jeung aksara-aksara dina naskah Merbabu, tapi basa nu dipakéna basa Sunda Kuna.

Kaopat, eusi naskahna. Sajaba ti naskah-naskah pra Islam, tétéla boh di Ciburuy boh di Merbabu, kapanggih ogé naskah-naskah Islam deuih. Ieu hal nuduhkeun yén éta dua tempat téh lain panyalingkuran urang Hindu-Budha tina pangaruh Islam, tapi minangka tempat intelektual mangsa harita nuliskeun pangaweruh nu katampa ku para sarjanana kalayan mertahankeun tradisi nulis (nyalin) naskah dina alas tulis daun jeung daluang jeung dina aksara karuhunna.

Kalima, nasibna sarua. Ieu mah saenyana saeutik rada méngpar tina maksud tulisan. Tapi, upama nilik sajarah panalungtikanana, boh naskah Sunda Kuna ti Ciburuy atawa ti Merbabu kawasna teu jadi prioritas. Naskah Merbabu dimikrofilmkeun jeung disusun katalogna sacara gembleng kakara réngsé taun 2002 (Setyawati, spk). Naskah Sunda Kuna nu di Ciburuy jeung PNRI kakara didigitalkeun tur didéskripsikeun dina taun 2010 (Undang A Darsa & Acrie; Holil & Gunawan). Sanajan aya panalungtikan ti ahir abad ka-19, tapi jauh tangéh mun dibandingkeun jeung jumlah naskah nu nyésa mah.

Aditia Gunawan
[Dimuat dina Cupumanik No.102-103, Januari-Februari 2012]

3 comments:

  • Bujangga Manik says:
    Tuesday, 27 March 2012 at 04:40:00 GMT-7

    Nuhun Yi, munel pisan infona. Sok keureuyeuh terus nalungtik naskah sunda kuna teh. Akang ngarojong pisan.

  • Aditia Gunawan says:
    Sunday, 1 April 2012 at 19:31:00 GMT-7

    Muhun, sami-sami. Pidu'ana bae Kang.

  • Unknown says:
    Tuesday, 3 April 2012 at 02:35:00 GMT-7

    LANJUUUT...hn*R3M

Post a Comment

Daftar Artikel