Berlangganan via email

Seluruh tulisan, gambar, dan foto dalam blog ini di bawah lisensi: Lisensi Creative Commons
ciptaan disebarluaskan di bawah Lisensi Creative Commons Atribusi-NonKomersial-TanpaTurunan 3.0 Tanpa Adaptasi.

Wednesday, 22 February 2012

Sastra Munggu ring Gebang



Dina basa Sunda kiwari mah, pihartieun judul di luhur téh “Tulisan dina daun gebang”. Éta kalimah téh meunang nyutat tina bagian katilu teks Sanghyang Sasana Maha Guru (SSMG). Teks SSMG téh ditulis dina daun lontar, ngagunakeun basa jeung aksara Sunda buhun. Ieu téks téh kira-kira ditulis antara ahir abad ka-15 nepi ka awal abad ka-16. Ku sakalimah kitu gé bet jorojoy kapanasaran. Naon nu dimaksud tulisan dina daun gebang téh?

Saéstuna tulisan dina daun gebang téh ukur hiji tina sapuluh rupa tulisan. Dumasar teks SSMG, tulisan téh dibagi jadi sapuluh rupa. Nu matak narik, babagianana téh dumasar kana alas tulisna, ngawengku: emas, pérak, tambaga, waja, beusi, batu, padung, awi, lontar, jeung gebang. Dina ieu tulisan mah nu rék dibahas téh husus perkara tulisan dina daun gebang. Naon maksudna? Sarta saperti kumaha wangunna?

Gebang
Méméh ngajawab pananya di luhur, urang paluruh heula naon ari gebang téh. Dina rumpaka Kidung Pajajaran aya ungkara “Urang buka tutungkusan nu kahalang ku pipinding, dina gebang séwu lontar.” Hanjakal éta rumpaka téh can kapaluruh saha nu nulisna. Gebang disandingkeun jeung lontar deuih, sakumaha nu kaunggel ogé dina SSMG, téks nu medal sawatara abad saméméhna.

Gebang, numutkeun kamus Jonathan Rigg (1864) mah ngaran tatangkalan sabangsa palem. Basa ilmiahna mah Corypha utan. Di Dayak mah disebutna gabang, di Timor disebut gawang, basa Madurana pocok, di Betawi pucuk, di Batak jeung di Sasak disebut ibus, di Minahasa disebut silar. Tangkal nu geus kolot jangkungna antara 15 nepi ka 20 méter. Gundukan daunna saperti kipas atawa ramo nu dibukakeun kalayan diaméter 2 - 3,5 méter, ngagunduk lebah tungtung batangna.

Tangkal gebang bisa tumuwuh di dataran rendah nepi ka 300 méter luhur beungeut laut. Ilaharna, ieu tangkal kapanggih di basisir, deukeut walungan, ranca, atawa najan teu, réa di lamping-lamping pasir. Asal-usulna ieu tangkal teu pati écés, tapi sumebar di Afrika tropis, India, Birma, Thailand, Filifina, Malaysia, jeung Indonesia (Lembaga Biologi Nasional – LIPI, 1980).Di Tatar Sunda, kawilang réa ngaran lembur nu ngandung kecap gebang, kayaning: Bantar Gebang (Bekasi), Ciawi Gebang (Kuningan), kacamatan Gebang (Cirebon), jsté.

Tulisan
Pangarang teks SSMG nyebutkeun gebang minangka alas tulis sagédéngeun lontar. Naha aya kénéh tapakna kiwari? Pikeun ngajawabna urang perlu katerangan saterusna dina teks SSMG. Dina téks SSMG disebutkeun yén “sastra mungguring gebang dingaranan ta ya ceumeung, ini ma inya pikabuyutaneun” anu pihartieunana “tulisan dina daun gebang dingaranan ‘hideung’, ieu mah nyaéta pikabuyutaneun”. Tulisan dina daun gebang disebutna ceumeung (hideung), ari tulisan dina lontar disebutna carik (gurat). Gebang jeung lontar téh sabangsa palem. Sakaterang nu nulis mah, palem nu dijieun alas tulis naskah mah ngan lontar jeung nipah. Enya, lontar mah dicarik ‘digurat’, ku péso pangot téa. Ngan, nipah mah ditulisna maké mangsi hideung. Tangtu ieu nu dimaksud ceumeung téh. Ceuk Holle dina bukuna Tabel van Oud-en Nieuw-Indische Alphabetten (1882 kaca 12) mah cenah naskah nipah téh ditulisna maké nyéré harupat. Mangsina hasil olahan damarsela jeung nagasari.

Dina bagian Manggala téks SSMG nu lian disebutkeun yén Batara Gana nu “matemahan ta ya gebang lawan lwantar. Tipuk diwasa pupus gebang lawan lwantar”. Tegesna, Batara Gana anu ngajadikeun gebang jeung lontar minangka alat keur pangarang enggoning nuliskeun karyana. Ku alatan éta, karya pangarang téh dihaturkeun ka Batara Gana. Numutkeun katerangan Zoetmulder dina Kamus Jawa Kuna-Indonesia (2006), kecap pupus ngandung harti “daun cau ngora atawa daun palem (palma) ngora”. Ana kitu mah, pupus gebang téh hartina “daun gebang anu ngora”. Daun gebang anu ngora pulasna konéng. Mun digaringkeun leuwih kurang tilu poé, pulasna semu coklat. Di wewengkon Jawa dipikawanoh kénéh istilah pupus gebang téh, malah masih dimangpaatkeun, ilaharna dijieun tali atawa barang karajinan kayaning topi atawa tas.


Sastra munggu ring gebang
(Dok. Aditia Gunawan)

Tina sawatara katerangan di luhur, bisa dicindekkeun yén nu dimaksud gebang ku pangarang Sunda buhun téh taya lian naon nu ku para ahli filologi kiwari disebut nipah! Ceuk para ahli kénéh, jeung mémang kabuktian, yén asal naskah nipah téh méh sakabéhna ti Jawa Barat. Padahal, pikeun urang Sunda, istilah gebang leuwih dipikawanoh ti batan nipah.

Taun 1927, De Clercq kungsi méré katerangan yén “Di wewengkon béh jero Sumatera Kidul, baheula jeung jigana kiwari aya kénéh, nipah dipaké pikeun nuliskeun surat cinta”. Pasualanana, dina kontéks naskah nu dihasilkeun di Jawa Barat, naha katerangan De Clercq leuwih bisa ditarima batan katerangan ti pangarang Sunda dina mangsa naskah-naskah Sunda buhun dihasilkeun? Ku kituna, idéntifikasi para ahli (Walanda) téh bawirasa kudu dibeuweung diutahkeun heula. Da kalah kumaha ogé nipah jeung gebang téh béda, sanajan bédana saeutik pisan, siga kalapa jeung kawung. Nipah mah basa Sundana daon atawa dahon, sanés gebang, Mister.

Pun. Leuwih luangan, kurang wuwuhan.


Aditia Gunawan

0 comments:

Post a Comment

Daftar Artikel