Berlangganan via email

Seluruh tulisan, gambar, dan foto dalam blog ini di bawah lisensi: Lisensi Creative Commons
ciptaan disebarluaskan di bawah Lisensi Creative Commons Atribusi-NonKomersial-TanpaTurunan 3.0 Tanpa Adaptasi.

Tuesday, 20 September 2011

Sistim Sora Basa Sunda Buhun

Sanajan bari éra parada, sawadina urang nganuhunkeun kana sumbangan pamikiran Noorduyn jeung Prof. A.Teeuw, anu sacara gemet geus narékahan nalungtik basa Sunda buhun. Ulikan kabasaan Sunda buhun nu dipigawé ku Noorduyn jeung A.Teeuw ngawengku 51 kaca tina 554 kaca dina bukuna “Tiga Pesona Sunda Kuna” (édisi Inggrisna: Three Old Sundanese Poems, KITLV, 2006) wedalan Pustaka Jaya, 2009. Keur saayeunaeun mah, éta ulikan téh mangrupa ulikan anu panglengkepna ngeunaan basa Sunda buhun.

Ulikan kabasaan Sunda buhun Noorduyn jeung Teeuw ngawengku dua aspék basa, nyaéta fonologi (sora basa) jeung morfologi (wangun parobahan kecap). Teu nepi kana ulikan sintaksis mah. Munasabah, da téks nu dijadikeun dasar ulikanana téh winangun puisi anu hésé dijadikeun dasar pikeun ngaguar kalimah alatan kauger ku metrum dalapan engang téa.


Ieu pedaran baris museur kana sistim sora nu aya dina kaca 35 bukuna Noorduyn jeung Teeuw. Éta dua sarjana nyatet yén, aya parobahan sora palatal tan soraan c dina basa Sunda buhun (BSb) jadi t dina Basa Sunda kiwari (BSk). Upamana dina kecap mauc dina BSb jadi maut ‘metot’ dina BSk, imuc (BSb) jadi imut (BSk), maracan (BSb) jadi maratan (BSk), jsté. Éta sora c nu jadi t téh méh sakabéhna aya dina tungtung kecap atawa morfém. Tegesna, dina basa Sunda buhun mah sora c téh bisa diteundeun dina tungtung kecap, padahal urang terang yén sora c téh teu bisa diteundeun dina tungtung kecap basa Sunda kiwari. Ana kitu mah, fénoména kabasaan ieu jadi ciri anu mandiri dina basa Sunda buhun nu béda jeung basa Sunda kiwari.

Hanjakalna, Noorduyn jeung Teeuw teu ngabahas naon anu jadi sabab ayana parobahan éta sora téh. Bawirasa, aya dua perkara anu bisa jadi panyababna (najan ieu ogé ukur hipotésis). Saperkara, éta dua konsonan téh kaasup konsonan anu cara artikulasina sarua, nyaéta mandeg (stop). Ku kawengku dina hiji sora konsonan nu sarua, robahna sora téh leuwih ngamungkinkeun. Kadua perkara, wangun aksara ca jeung ta dina naskah ogé méh sarimbag deuih. Aksara ca saupama oval di handapna diganti ku siku sarta ditambahan tukangna ku gurat siku tangtu jadi ta.

Conto kasus nu méh sawanda nyaéta saupama niténan robahna sora d (BSb) jadi j (BSk) (anu teu kabahas ku Noorduyn & Teeuw), upamana dina kecap deung (BSb) jadi jeung (BSk), diga (BSb) jadi jiga (BSk), jsté. Dua alesan anu diajukeun di luhur bisa dilarapkeun ogé dina kasus ieu. Sora d jeung j mangrupa konsonan anu cara artikulasina sarua turta wangun aksarana sarimbag deuih. Sora d jeung j kaasup kana konsonan mandeg. Aksara da saupama ditambahan gurat béh katuhuna tangtu jadi ja. Moal boa sora anu jadi tinimbangan utama karuhun urang ngréasikeun aksara Sunda?

Pasualan séjén anu muncul nyaéta ngabédakeun sora e jeung eu anu simbol grafis aksarana dina naskah sarua. Para ahli umumna nyieun transkipsi pikeun ngabédakeun éta aksara téh dumasar kana kasaksian kamus Sunda kiwari baé, henteu dumasar kana wangun aksarana. Pon kitu deui kateuajegan éjahan sora wa, ua, o saperti dina pwah aci, puah aci, pohaci jeung sora ia, ya, éa saperti dina rahasia, rahasya, rahaséa. Ieu pasualan mémang can meunang jawaban anu nyugemakeun, sarta masih perelu dipaluruh ku cara mariksa deui sakabéh naskah Sunda buhun.

Asana aya nu kaliwat ku Noorduyn jeung Teeuw ogé deuih, nyaéta sora ña jeung n(i)ya. Nu disebut mimiti contona nyampak dina kecap nyabok, Banyakcatra. Sedeng nu disebut pandeuri mah husus pikeun gaganti panuduh ‘éta, itu’ saperti dina kecap ngaranya, byaktanya. Dina édisi naskah anu geus terbit, ilaharna cara nuliskeun éta dua sora téh sarua, nyaéta nya. Ti dinya jadi panasaran, naha enya kitu? Sabab saupama ngilikan naskah mah, aksara nu digunakeun pikeun sora nya (dina kecap nyabok) sacara ajeg maké aksara nya ngalagena. Sedeng nya dina kecap ngaranya ‘ngaranna, hartina (tina éta)’, byaktanya ‘écésna (tina éta)’ sacara ajeg ditulisna ku aksara na diwuwuhan pasangan (pamingkal) ya, samalah sok diwuwuhan ku panghulu i. Ku mindengna diwuwuhan panghulu i, nu nulis nambah kayakinan, yén nya nu kadua dibacana n(i)ya lain nya (nyabok) téa. Cindekna, saupama bisa ditarima, aya dua cara pikeun nuliskeun dua gejala di luhur, nyaéta ña (pikeun nuliskeun ñabok) jeung nya atawa niya (pikeun nuliskeun ngaranya, byaktanya, silokanya), anu temahna, ngalapalkeunana ogé tinangtu béda.

Nepi ka kiwari urang teu apal kumaha urang Sunda baheula ngedalkeun hiji kecap. Tapi tétéla, enggoning nangtukeun sistim sora dina basa Sunda buhun téh teu bisa leupas tina pasualan éjahan nu nyampak dina naskah. Mugia baé ku ngimeutan naskah bari tabah mah, haréwos karuhun téh kakuping ku urang kiwari, bari hawar-hawar ogé.

Aditia Gunawan
Nu nulis, filolog naskah Sunda di Perpustakaan Nasional RI.

4 comments:

  • Fri says:
    Saturday, 5 May 2012 at 00:28:00 GMT-7

    Saluyu Kang... Sapertos nu kaunggel tina prasasti Kawali dina kecap sia, diserat "siya" (Sa+panghulu (i)+pamingkal). Janten meureun diaosna teh sanes syi, tapi siya. Sareng aya deui kecap nu nujul kana kecap "mutiara" dina naskag carita waruga guru. Diseratna : Ma + panyuku (u) + Ta + panghulu (i) + pamingkal (y) + Ra. Janten meureun diaosna teh "mutiyara", sanes "mutyira".

  • ojel yusandi says:
    Wednesday, 12 December 2012 at 08:24:00 GMT-8

    Enya oge, nya, Kang Adit sareng Kang Fri. Nembe kaemutan ku simkuring mah. Nyambung ka nu kata "mah". Dina naskah2 Sunda Buhun, eta kata sok diserat "ma" (tanpa morfem -h). Atanapi morfem h eta ngan saukul diucapken/disorakeun bae? Nuhun. Lajengkeun.

  • ojel yusandi says:
    Wednesday, 12 December 2012 at 11:25:00 GMT-8

    Nembe simkuring maca artikel nu ngabahas pasualan sistem sora nu aya di basa Sunda buhun. Lajengkeun, Kang!!!

  • diky pamanahrasa says:
    Thursday, 21 March 2013 at 00:55:00 GMT-7

    sae pisan yeuh blog teh.. hatur nuhun

Post a Comment

Daftar Artikel