Berlangganan via email

Seluruh tulisan, gambar, dan foto dalam blog ini di bawah lisensi: Lisensi Creative Commons
ciptaan disebarluaskan di bawah Lisensi Creative Commons Atribusi-NonKomersial-TanpaTurunan 3.0 Tanpa Adaptasi.

Wednesday, 13 April 2011

Bagian 10 - Pañcabyakta

Bagian ieu ogé dimimitian ku siloka. Sok sanajan judul pedaranna pañcabyakta (lima bukti, lima kanyataan), tapi istilah-istilah nu dijéntrékeunna mah lain lima, tapi aya 11 kecap. Istilah-istilah éta téh kacida héséna ditarjamahkeun sacara harfiah, tapi, copélna bisa dipikaharti maksudna tina pedaranana.

Téks
Nihan sinangguh pañcabyakta ngaranya, silwakanya nihan:
“sélajanem surawilé, panatarga sudyacawa,
prayagamanem cégamaswa céwamibah krermawidu,
céwayudé (da)nakalem ma supregrahasta“
/siloka 5/


Ka: sélajanem ngaranya, ñapira ngahanteu-hanteu , lamun lémék matingtim /8v/ di hareupeun nu kwalwat. Surawilé ngaranya, ñapirakeun manguni lémék mati(ng)tim, hanteu maké pangabakti, ka sang pandita, deung hanteu ngeunah wedak-wedakan, kaambeu ku nu réya. Aswagatah kunang panatarga ngaranya, hanteu ngeunah ñusutk(eu)n hu(n)tu, deung masa(ng)géréng di hareupeun nu réya. Sudyacawa ma ngaranya, hanteu ngeunah urang niru-niru kaulinan hempul murus. Praya sang magamata ma, hanteu ngeunah urang padeuleu-deuleu deung sang hya(ng) kalih, mangka nguni padu na muka, padeuleu-deuleu beungeut, ka nu karolwat, mangka nguni mupulihkeun manéh nyatu nginum di hareupeun nu réya. Céwamaswatéh ngaranya, téka salah dipihdip dipiange(n)-angen, ka pada janma. Céwamibuh ngaranya, gwacé rua, gwacé tuah, hamwa nurut pamagaha/8r/n. Karmawidu ngaranya, kesit tungi haseum barungut, rungsang-ru(ng)sing na pibudieun janma. Céwayudé ngaranya, gwacé rua, gwacé tuahna, gwacé pupu [ci/cu] na, sinangguh kanistra ning janma. Céwayudé ngaranya, surang pragwajak, bwagwah ñwacwao sabda pariambul ka sakalih. Danakalem ta ma ngara(n)na, hanteu dé(k) haat karuña, héman pada janma, na angen-angen gedé kaceuceub. Suprigrehasta ngaranya, gedé nu dipikahayang, dipilémék ange(n)-angen, dibaan lémék dimangké ma(ng)ké, geus ma hanteu kaswarang. Nihan sinangga pañcabyakta ngaranya, hayu(a) pinintuhu ika (5).

Tarjamahan
Ieu nu disebut pañcabyakta (lima kanyataan) téh. Ieu silokana:

sélajanem surawilé panatarga sudyacawa,
prayagamanem cégamaswa céwamibah krermawidu,
céwayudé danakalem ma supregrahasta.
/siloka 5/

Maksudna, nu disebut selajanem téh, nyapirakeun jeung ngahenteu-henteu, upama keur nyarita atawa babadamian hareupeun nu kolot. Nu disebut surawile, nyapirakeun dina nyarita, teu dibarengan ku tatakrama, ka sang pandita. Ogé teu hadé maké wedak (dangdan kaleuleuwihi), laju kaambeu ku jalma lian. Aswagatah kunang panatarga disebutna, teu hadé ngosokkan huntu, jeung nyanggéréng di hareupeun jalma réa. Nu disebut sudyacawa, henteu hadé urang niru-niru kaulinan Sang Empul Murus. Nu disebut Praya Sang Magama, henteu hadé urang paadu teuteup jeung jalma lian, utamana nalika paamprok, silih teuteup pameunteu, ka nu leuwih kolot, sumawonna wawanianan nyaritakrun yén dirina enggeus dahar jeung nginum hareupeun jalma réa. Nu disebut cewamaswateh téh, salah dina pikiran jeung kahayang, ka papada manusa. Nu disebut céwamibuh, goréng rupana, goréng kalakuanana, teu daék gugon kana piwuruk. Karmawidu disebutna, jamedud buad-baeud, teu daék nanya ka batur, haseum budi, murang-maring dina parangina. Céwayudé disebutna, goréng rupa, goréng kalakuanana, goréng ogé hasil (pagawéanana), nya ieu kanista dina manusa téh. Nu disébut Céwayude, beuki heureuy, beuki ngaheureuykeun, pada-pada ngomong ka jalma lian. Danakalem disebutna, teu daék miduli, mikaasih, tur mikahéman ka pada jalma, dina haténa ukur pinuh ku kaceuceub. Suprigrehasta disebutna, gedé kahayang, gedé omong dina kahayang, dina nyarita sok kadalon-dalon, padahal saenyana teu kahontal. Nya ieu nu disebut pañcabyakta (lima kanyataan) téh, ulah diturutan hal nu kawas kitu téh (5).

Kabeungharan Kecap
• ka singgetan tina kalinganna ‘maksudna, hartina’.
• ñapira tina ‘sapira + -n’ ‘nyapirakeun’ dina SdM kecap – henteu ilahar.
• ngahanteu-hanteu ‘mungkir, ngahenteu-henteu’
• matingtim ‘nyarita, babadamian’
• kwalwat ‘kolot’
• manguni ‘utamana, sumawonna’ il. mangka nguni. JwK ‘id’ (Z 717), teu kapaluruh dina SdM.
• wedak-wedakan ‘dangdan, maké wedak’ jigana maké sarupaning seuseungitan, ku sabab dina kalimah satuluyna aya kecap kaambeu.
• masanggéréng ‘nyanggéréng?’, némbongkeun huntu bari ngaherengan, tanda ambek (KUBS 451).
• niru-niru ‘niru-niru’ = JwK jeung SdM.
• hempul ‘ahli kaulinan’ band. SSKK.XVI.
• murus ‘ceuyah, euyeub’, jigana nu dimaksud hempul murus ‘ahli kaulinan anu euyeub pangaweruhna’
• padeuleu-deuleu ‘paadu teuteup’ SdM ‘id’.
• sanghyang kalih ‘jalma lian’, diwuwuhan sanghyang pikeun ngahormat, saperti istilah ki silah.
• mangka nguni ‘kitu ogé, sumawonna’ JwK ‘id’. Il. manguni.
• paadu na muka ‘paamprok jonghok, patepung wajah’
• mupulihkeun manéh ‘ngomongkeun atawa nyaritakeun dirina sorangan’
• dipihdip ‘dipikir’ id. JwK. Teu kapaluruh dina SdM.
• dipiangen-angen ‘dirasa, dilenyepan jero haté’.
• gwacé ‘goréng, goté’, ngalaman parobahan sora c dina SdK jadi t dina SdM.
• rua ‘rupa’, dina SdM sarua ‘sarupa’. Béda harti jeung sarwa ‘sagala, sakabéh’.
• tuah ‘kalakuan, tingkah polah’
• hamwa = hamo ‘henteu’, dina SdM ogé ngandung harti ‘moal’
• pibudieun ‘parangi’
• kanistra ‘kanista, kagoréngan’, tina Skt. kaniṣṭha ‘id.’ Tingkatan panghandapna tina hiji kualitas: nista – madya – utama.
• sabda pariambul ‘pada-pada ngomong, ngomong babarengan?’
• dibaan ‘dibawa’ dina SdM dipikawanoh kecap dibahanan nu sigana lain tina kecap bahan, tapi baan, maksudna mah ‘dibawaan, dibéré babawaan’. Dina KUBS kecap baan dianggap tina bawaan?
• hayua imp ‘ulah, entong’ dina SdM dipikawanoh wangun rundayan rarangkén tengah –um- humayua. Kasus nu sarupa saperti dina kecap tembey ‘mimiti, awal’ (tina JwK), nu dina SdM ngan dipikawanoh kecap mitembeyan ‘ngamimitian’.
• pinintuhu pass ‘dituturkeun, diturutan’ = JwK. Teu kapaluruh dina SdM.

Katerangan
JwK = basa Jawa Kuna; SdM = basa Sunda Modéren; Skt = basa Sansekerta; SSKK= Sanghyang Siksa Kandang Karesian (Danasasmita, spk., 1987); Z: Zoetmulder (Kamus Jawa Kuna-Indonesia, 2006); KUBS (Kamus Umum Basa Sunda, LBSS 1978).

Hanca
Aditia Gunawan

1 comments:

  • Agus Wirabudiman says:
    Friday, 1 April 2016 at 12:46:00 GMT-7

    Sampurasuun, kang dupi Bagian anu ka 3+ 4 na palih mana nya halaman nana?, hatur rebu nuhuun...

Post a Comment

Daftar Artikel