Berlangganan via email

Seluruh tulisan, gambar, dan foto dalam blog ini di bawah lisensi: Lisensi Creative Commons
ciptaan disebarluaskan di bawah Lisensi Creative Commons Atribusi-NonKomersial-TanpaTurunan 3.0 Tanpa Adaptasi.

Wednesday, 2 March 2011

Bagian 9 - Caturupaya


Caturupaya hartina opat tarékah atawa opat usaha pikeun ngahontal tujuan. Tujuan nu rék dihontalna taya lian pikeun jadi manusa nu sampurna ngajalankeun tugasna di alam dunya. Pedaran ngeunaan caturupaya téh dimimitian ku siloka nu diwangun ku dua padalisan. Dina sapadalisanna ngandung dua kalimah nu ditandaan ku ayana tanda baca (fungtuasi) dina naskahna. Sanajan dina pedaranna mah aya dalapan istilah nu ditétélakeun, tapi bawirasa nu dimaksud ku istilah ‘catur’ (opat) nya dumasar kana jumlah kalimah nu aya dina siloka éta, nyaéta (1) alékiem sitem getem, (2) jrebanem kadaranem, (3) sudem palaharasiem, jeung (4) nakabatéh.

Aya sawatara nu perlu dicatet tina istilah-istilah Sansekerta nu ditataan di luhur téh,
  • alékiem téh tina basa Sansekerta ālekhana nu hartina ‘gambaran, lukisan’ (Z 24). Harti ieu téh luyu jeung pedaran dina téks nyaéta henteu hadé murid nu hayang séwaka darma nyokér taneuh, nulis-nulis padung, jeung panglungguhan saré.
  • sitem tina sita ‘bodas?’ (Z 1105). Ma’nana henteu jelas, ningali konteksna naha nu dimaksud téh huntu anu bodas?
  • getem tangtu tina gīta (Skt) ‘nyanyian, lalaguan’ (Z 300), nu matak narik téh dina bagian ieu disebutkeun kecap ngawih jeung ngidung. Naha ngawih jeung ngidung nu dimaksud téh ngandung harti lalaguan sacara umum, atawa ngandung harti téknis, saperti aturan wirahma (métrum), jsté? Pedaran nu leuwih jéntré kungsi dimuat dina Cupumanik No. 79 kaca 25-29.
  • jrebanem tina Skt jrmbana ‘heuay?’ tapi dina konteks ieu mah patali jeung kaayaan beuteung.
  • kadaranem tina Skt dharana ‘kasangsaraan’, luyu jeung pedaran yén jalma téh teu meunang humaregung ogoan, némbongkeun katuna jeung kasangsaraan dirina.
  • sudem tina sudha ‘suci, beresih’, maksudna kaayaan haté jeung pikiran kudu diusahakeun beresih, teu meunang api-api, beungeut nyanghareup ati mungkir.
  • palaharasiem tina Skt phalāhāra (Z 736) ‘ngadahar bungbuahan’, dumasar konteksna mah jigana nu dimaksud téh dahar saperluna, jeung nu didahar nyaéta naon anu jadi hakna, lain ngadahar hakna batur.
  • nakabatéh ma’nana teu jelas, tapi tina pedaranna mah nuduhkeun paripolah teu sopan ka nu jadi guru.

Téks

Nihan sinangguh caturupaya ngaranya. Artanya nihan:

“Alékiem sitem getem, jrebanem kadaranem,

sudem palaharasiem, nakabatéh guru mwatéh.”

/siloka 4/

Ka: alékiem[1] ngaranya, hanteu ngeunah urang ñwakér taneuh, nulis-nulis padung, panglungguhan saré di hareupeun sang guru. Sitem[2] ngaranya, hanteu ngeunah sumeuri sumarembah di hareupeun sang guru sañarah ñiar[3] pikaulinan[na]eun di sang pandita, di nu réya. Getem ngaranya, hanteu ngidung ngawih, humaleuang, mangka nguni mikwanwakeun manéh bisa, preña wijaksana, di nu réya. Jrebanem[4] ngaranya, hanteu[5] ngeunah mikwanwakeun manéh hanaang poño, ageus ma weureu seubeuh, di hareupeun sang pandita, mang/9r/ka nguni di nu réya.

Kadaranem ngaranya, hanteu ngeunah[6] urang ngwagan humanderu, mangka nguni kumuliat, di hareupeun nu réya. Sudem ngaranya, hanteu ngeunah hura-hura, bwabwahwangan, na geui(ng) lémék. Palaharasiem ngaranya, hanteu ngeunah bwagwah mupulihkeun bwabwagaan sakalih. Nakabatéh ngaranya, hanteu ngeunah rumagwadéh, na geui(ng) lémék, di hareupeun Sang Pandita. Nihan sinangguh catur-upaya ngaranya, kayatna-yatna sang séwaka darma, haywa pinintuhu!

Tarjamahan

Nya ieu nu disebut catur upaya (opat usaha) téh. Ieu hartina:

“Alékiem sitem getem, jrebanem kadaranem,

sudem palaharasiem, nakabatéh guru mwatéh.”

/siloka 4/

Maksudna: nu disebut alékiem téh, henteu hadé nyokér-nyoér taneuh, nulisan padung, jeung pangsaréan hareupeun guru. Sitem kasebutna, henteu hadé sura-seuri sabot ngahaturkeun sembah hareupeun Sang Guru sumawonna ngaheureuykeun ka Sang Pandita, (atawa) di hareupeun jalma réa. Getem ngaranna, henteu ngidung, ngawih, ngahaleuang, sumawonna akon-akon manéh bisa, adil wijaksana hareupeun jalma réa. Jrebanem ngaranna, henteu hadé bébéja yén dirina hanaang tur lapar, padahal mah geus weureu seubeuh hareupeun sang Pandita, komo deui hareupeun jalma réa.

Kadaranem ngaranna, henteu hadé urang jejeritan ogoan, atawa nguliat di hareupeun jalma réa. Sudem ngaranna, henteu hadé hirup hura-hura, pura-pura, dina pikiran jeung ucapan. Palaharasiem ngaranna, henteu hadé resep ngaku-ngaku kana barang batur. Nakabatéh ngaranna, henteu hadé rumagodéh dina rasa jeung caritaan hareupeun sang Pandita. Ieu satemenna nu disebt catur upaya téh. Perhatikeun sang séwaka darma, ulah diturut (hal nu kitu téh)!

Kabeungharan Kecap

  • caturupaya Skt ‘opat usaha id. JwK, teu kapaluruh dina SdM.
  • sañarah ‘sumawonna, kitu ogé’.
  • ñiar pikaulinaneun ‘ngaheureuykeun’.
  • ngidung ‘ngalagukeun kidung, ngidung’, tina kidung.
  • ngawih ‘ngalagukeun kawih, ngawih’, tina kawih.
  • humaleuang ‘ngahaleuang’, kecap asalna haleuang nu masih dipikawanoh dina SdM, tapi rarangkén tengah –um- dina kecap haleuang teu ilahar dina SdM.
  • mikwanwakeun manéh ‘ngomongkeun yén dirina sorangan …, abong-abong’.
  • preña tina prana (Skt) ‘haté, jiwa’ (Z 844) – wijaksana ‘jiwa nu wijaksana’.
  • hanaang ‘haus’ = SdM, dina SdK sok disandingkeun jeung ponyo.
  • poño ‘lapar’, dina SdM ngalaman parobahan ma’na jadi ‘segut’, sabalikna tina caman-cémén dina dahar.
  • ageus ma ‘padahal’
  • ngwagan ‘ogoan, rungsing?’ tarjamahan dumasar kontéks, naha aya patalina jeung ogoan dina SdM? Tina teks Sunda Kuna nu lian ngandung harti ogé ‘ngondang’ nu sarua jeung dina SdM.
  • humanderu tina handeru ‘ngajerit, ngagoak’ band. SdM handaru
  • kumuliat ‘nguliat’ tina kuliat, dina SdM mah kuliat nu dirarangkén-tengahan -um- téh teu ilahar.
  • hura-hura ‘roroyalan, ngahambur-hambur harta’ id. SdM, band. Mal.
  • bwabwahwangan ‘api-api, pura-pura’
  • geuing ‘rasa, nafsu’
  • lémék ‘omongan, ucapan’ id. SdM.
  • mupulihkeun ‘ngomongkeun, ngaku-ngaku’ ma’na nu sarua dina SdM ukur dina wangun rajékan pupulih ‘bébéja’.
  • bwabwagaan ‘barang nu dipimilik’ id. SdM,
  • sakalih ‘jalma lian, batur’
  • rumagwadéh ma’nana teu kapaluruh.
  • haywa kecap panyarék ‘ulah, entong’ dina SdM aya parobahan harti ‘omat, kahadé’? (D 252) dipikawanoh ogé rundayan humayua ‘matak cua’
  • pinintuhu kecap pagawéan pasif, tina pi - + tuhu + -in- ‘diturutan’, JwK ‘id.’

Katerangan

JwK = basa Jawa Kuna; SdM = basa Sunda Modéren; SdK = basa Sunda Kuna; Skt = basa Sansekerta; Z: Zoetmulder (Kamus Jawa Kuna-Indonesia, 2006).

Hanca

Aditia Gunawan

[1] Nskh: atékyem, teks dibenerkeun dumasar siloka 4.

[2] Nskh: sudem

[3] Nskh: ñŷir

[4] Nskh: jrabanem, disunting berdasarkan siloka 5.

[5] Nskh: hanta

[6] Nskh: nginah



0 comments:

Post a Comment

Daftar Artikel