Berlangganan via email

Seluruh tulisan, gambar, dan foto dalam blog ini di bawah lisensi: Lisensi Creative Commons
ciptaan disebarluaskan di bawah Lisensi Creative Commons Atribusi-NonKomersial-TanpaTurunan 3.0 Tanpa Adaptasi.

Thursday, 17 February 2011

Urang Sunda Ngababakan

Di Kanékés Kajeroan mah, taneuh téh teu meunang dilelemah. Upama taneuhna henteu rata, tihangna dijieun jangkung sabeulah. Jadi, tataban imah mah tetep rata. Enya, kapan ceuk urang Kanékés mah “Gunung teu beunang dilebur, lebak teu beunang diruksak, larangan teu meunang dirempak, buyut teu meunang dirobah, lojor teu meunang dipotong, pondok teu meunang disambung”. Prinsip nu basajan tapi patri. Saayana. Teu maké rékayasa. Kumaha Gusti wé nu ngajadikeun alam. Alam jeung manusa minangka dadamelan Anjeunna mah, teu kedah seueur ceta, sumawonna nepi ka ngaruksak dadamelanna mah. Geuning dina Siksa Kandang Karesian (XIV) prinsip hirup manusa mah cukup ku: “héés tamba tu(n)duh, nginum twak tamba hanaang, nyatu tamba ponyo, ulah urang kajo(ng)jonan”.

Papagon kitu téh dicekel ku urang Sunda baheula, salasahijina dina raraga ngababakan muka pilembureun, sakumaha nyampak dina téks Warugan Lemah (naskah lontar koropak 622 koléksi Perpustakaan Nasional RI). Ceuk Agus, tokoh dina carpon Ahmad Bakri ‘Miceun Balas’ mah, sagala nu kumelip di alam dunya téh taya nu teu eusian, teu sabongbrong. Kitu jigana mah kaayaan lemah sakumaha nu nyampak dina téks Warugan Lemah ogé. Rupa-rupa waruga atawa dedegan lemah katut rupa-rupa mahala-mahayuna, dibéjérbéaskeun.

Rupa-rupa Waruga Lemah
Saupama taneuh téh bahé ka kénca (kalér), talaga hangsa disebutna. Nurub cupu. Taneuh lir talagana, imah lir soangna (hangsa). Merenah keur kuriak atawa ngababakan mah. Mawatna matak dipikanyaah batur cenah. Sarat pikeun nyampurnakeunna mah melak pacar baé di pasajén. Dumasar rékonstruksi Saleh Danasasmita suwargi mah, topografi taneuh Pakuan téh umumna bahé ngalér. Kitu deui upama urang ningali kampung-kampung di wewengkon Baduy. Sabab kalér téh dianggap profan, ari kidul dianggap sakral.

Lamun taneuhna bahé ka tukang (kulon), banyu metu ngaranna. Kurang éndah perbawana, sabab sagala nu dipiasih hamo ngajadi. Panulakna mah teundeunan papatong di padaleman. Lamun taneuhna bahé ka hareup (wétan), ngaranna purba tapa, matak teu dipikaresep batur, mamalana. Sarat pikeun nyucikeunana mah, tawurkeun sirung lanten (awi leutik) waktu janari, rada karancang awurkeunana. Lemah nu bahé ka katuhu (kidul) disebut ambek pataka, mawatna réa nu nganyenyeri ati nu boga imah. Pikeun nyingkahanana, melak usar (akar wangi, Andropogon zizanioidesUrb) di pasajén.

Nu dianggap alus deui téh nyaéta lemah nu ngalingga manik. Jiga puncak manik meureun wangunna mah. Perbawana matak diperhatikeun ku déwata. Jigana mah taneuh modél kieu nu dipaké jadi tempat kaagamaan (kabuyutan) mangsa baheula téh. Bujangga Manik dina tungtung lalampahanana miharep nimu taneuh modél kieu pikeun tempat pangreureuhanna nu pamungkas ‘momogana téka waya, nemu lemah kabuyutan, na lemah ngalingga manik’ (muga baé bakal aya, nimu lemah kabuyutan, lemah nu ngalingga manik) (baris 1404-1406). Lemah anu motong pasir gé kaasup lemah nu alus, singha purusa disebutna. Teu weléh unggul dina juritan, perbawana. Boa topografi lemah modél kieu nu dijadikeun sarana pertahanan mangsa baheula téh. Tempat Sri Baduga Maharaja nyusuk (nyieun parit) di Pakuan pikeun ngajaga wilayah karajaanana.

Hiji deui lemah nu dianggap alus téh nyaéta lemah nu datar. Disebutna sumara dadaya. Kiwari mah meureun disebut galudra ngupuk. Mawatna bakal kaanjangan ku kokolot lembur, ku rama ceuk basa Sunda buhun dina téks mah. Atuh ari kitu mah bisa disurahan, yén topografi lemah nu datar téh mangrupa lahan patempatan ajangkeuneun somah, rahayat biasa. Nu matak rama kersa lumungsur gé. Lemah datar biasana mah lega upluk aplak. Masarakat tumplek di dieu. Légégna mah, tingkat konséntrasi massa-na leuwih gedé.

Sajaba ti nu disebut di luhur mah, kaasup lemah nu kurang alus. Lemah nu dicapit ku walungan leutik béh kénca jeung walungan badag béh katuhu mah disebutna téh sri madayung. Teu hadé, matak dicandung ku wanoja. Wewengkon nu léngkob disebut luak maturun. Ulah dijieun pilemburan nu kieu mah, matak katalangsara padumukna. Wewengkon nu sumalipat (lemah gunting disebutna ayeuna mah), mamalana matak apes deuih, hésé boga banda pakaya. Lemah nu nyanghareup ka laut sarua jeung nu tunggang kana papatén, kana tempat pangeureunan, nu matak disebut tunggang laya. Mawatna picilakaeun, bisa kabéntar gelap éréng-éréngan. Urut kuburan ogé teu meunang dijieun pilemburan, mawa tiis, geueumeun, wewengkon jadi ilang dangiangna, nu matak disebutna gé mrega hiding (kidang nu teu bisa ingkah). Kitu deui lemah nu bungangang, matak taya aweuhan wewengkonna, disebutna jagal bahu. Wewengkon nu motong walungan gé teu hadé, bisi padumukna nemahan pati ku pakarang bangsa deungeun. Wewengkon modél kieu disebutna talaga kahudanan. Wewengkon nu nukangan gunung atawa pasir ogé matak cilaka, keunana ka kulawarga, matak burakrakan. Mun lemah katunjang ku cai, disebutna si bareubeu, keuna ku bebendon déwa, mamalana. Lamun lembur geus kakurung ku imah, ulah rék kuriak deuih, kuriak mawa balangsak, cenah mah padumukna bakal dijadikeun budak beulian. Nu pamungkas, wewengkon nu asalna pikarujiteun gé hadéna mah ulah dijieun lembur, bisi teu weléh meunang tunggara.

Kitu nu kaunggel dina téks Warugan Lemah téh.

Naskahna
Naskah WL téh kiwari diteundeun di Perpustakaan Nasional RI (PNRI), kalawan nomor koléksi L 622. Diteundeun dina peti nomor 88. Jumlah lambaranana ngan tilu lambar, opat jajar unggal lambaranana, turta ditulisna bolak-balik (recto-verso). Ukuran naskahna mah 28,5 x 2,8 cm. Téks WL ditulis dina wangun prosa. Aksara nu digunakeun dina ieu naskah téh aksara Sunda buhun, nu wangunna sarupa jeung aksara nu digunakeun dina prasasti Kawali. Ciri mandiri nu ngabédakeun jeung naskah-naskah Sunda buhun nu séjén nyaéta lebah tanda payukuna (vokalisasi u). Dina naskah WL mah panyukuna téh ditulis ku tanda (.) di handapeun aksara ngalagena, lain ku tanda sisiku handapeun aksara ngalagena sakumaha nu ilahar dina téks-téks Sunda buhun nu lian. Ieu téh nimbulkeun pasualan dina macana, angot mun manggih lambaran naskah nu rada barolong mah. Basa nu digunakeunana basa Sunda buhun, sok sanajan aya sawatara istilah anu raket patalina jeung basa Jawa buhun atawa Sansekerta.

Naskah WL saméméhna can didéskripsikeun kalawan lengkep dina katalog-katalog nu geus terbit. Cohen Stuart (1872), kurator di lembaga Bataviaassch Genootschap van Kunsten en Wetenschapen (BGKW) nu ngamimitian nyusun katalog naskah BGKW, teu ngadaptarkeun ieu naskah. Déskripsina ngan ngawengku naskah Sunda buhun ti Bupati R.A.A Kusumadiningrat baé, nyaéta koropak nomor 406 nepika nomor 426. Kitu ogé dina katalog yasana almarhum Pa Edi S. Ekadjati (1988), naskah WL téh teu kadaptarkeun. Jigana mah ieu naskah teu kadaptarkeun téh pédah diteundeunna dina peti nomor 88, nu papisah tina gundukan naskah Sunda buhun nu séjén (peti 15 dan 16). Nu ngadaptarkeun ieu naskah téh ukur Béhrend (ed.,1998). Hanjakalna, kateranganana téh kurang bisa dipiandel, sabab naskah nomor 622 peti 88 téh dijudulan ‘wariga’, turta ditulis ku aksara jeung basa Bali (Behrend, 1998: 383).

Katarimana naskah jadi koléksi BGKW téh kira-kira taun 1875. Asalna ieu naskah téh ti Bupati Bandung Wiranatakusumah IV (1846-1874) (Krom, 1914: 41; NBG XIII, 1875). Dina éta laporan disebutkeun yén koropak no. 620 nepi ka no. 626 jeung koropak no. 633 nepi ka no. 642 téh paméré ti bupati Bandung.

Dina kolofon naskah, nu kaunggel téh ngan poé ditulis (disalin?) naskahna baé, nyaéta poé Rebo Manis (poé na buda na manis), teu diémbohan katerangan bulan jeung taun. Tapi ditilik eusina mah, karasa pisan suasana pra-Islamna téh. Gedé kamungkinan ieu naskah ditulis atawa disalin méméh abad ka-17, samalah bisa jadi méméh karajaan Pajajaran runtag (±1578 M). Ieu dugaan téh didadasaran ku euweuhna kecap nu bisa dirujuk kana basa Arab. Sajaba ti éta, eusi téks WL téh karasa kuat pisan anasir Hindu nu pacampur jeung agama pribumina, sakumaha nu nyampak dina mantra-mantra nu aya dina téks. Nepi ka kiwari can kapanggih salinanana ieu naskah téh. Boh salinan dina daun lontar, boh salinan-salinan hasil transliterasi sarjana Walanda. Saheulaanan bisa disebutkeun, yén naskah WL téh mangrupa naskah tunggal.
Pun, leuwih luangan, kurang wuwuhan.***

Aditia Gunawan
dimuat dina Cupumanik Januari 2011

0 comments:

Post a Comment

Daftar Artikel