Berlangganan via email

Seluruh tulisan, gambar, dan foto dalam blog ini di bawah lisensi: Lisensi Creative Commons
ciptaan disebarluaskan di bawah Lisensi Creative Commons Atribusi-NonKomersial-TanpaTurunan 3.0 Tanpa Adaptasi.

Tuesday, 1 February 2011

Mahapawitra Skriptorium Naskah Sunda Kuna


Dina kolofon naskah-naskah Sunda kuna nu kiwari diteundeun di Perpustakaan Nasional RI (PNRI), kawilang réa nu nyebutkeun Mahapawitra minangka tempat ditulis (disalin)na naskah. Naskah-naskah nu ditulis di Mahapawitra téh diantarana baé: Sanghyang Hayu (kropak 634 jeung 637), Sanghyang Sasana Mahaguru (kropak 621), jeung Siksaguru (kropak 642). Kabéhanana ogé mangrupa téks prosa, eusina kaagamaan. Iwal ti Siksaguru, nu dua deuina mah geus ditalungtik. Koropak 634 jeung 637 ditalungtik ku Undang A. Darsa, dijadikeun tésis. Demi koropak 621 geus diumumkeun ku nu nulis dina buku Sanghyang Sasana Maha Guru dan Kala Purbaka: Suntingan dan Terjemahan (Perpustakaan Nasional RI, 2010). Nu jadi kapanasaran téh nyaéta lebah-lebahna Mahapawitra. Disalusur tina peta mah can kapanggih, hartina, ngaran tempat Mahapawitra téh tangtu ngaran heubeul.

Sacara harfiah mah Mahapawitra hartina ‘kalintang suci-na, kalintang murni-na’, asalna tina basa Sansekerta maha jeung pawitra. Bisa jadi, ieu téh tempat anu kacida disucikeun ku urang Sunda baheula. Ras inget ka karesian Pawitra nu aya di Jawa Timur, nu jadi pangjugjugan nu nyaluprih élmu agama jaman Majapait. Pawitra téh ngaran heubeul tina gunung Penanggungan. Gunungna mah teu luhur teuing, ngan 1659 Méter luhur beungeut laut. Nu jadi kapunjulanana ieu gunung téh pédah dikurilingan ku opat pasir nu leuwih leutik (bukit Bekel, Gajah Mungkur, Jambé, jeung Kemuncup) meneran pisan di opat arah mata-angin. Pawitra jadi pancerna. Keur urang Jawa mangsa harita mah, ieu gunung téh dipercaya minangka Mahaméru (Agus Aris Munandar, 2010: 114). Sakumaha nu dipercaya tina kitab Brahmana yén ieu alam téh titik puseurna Mahaméru, nu dikurilingan ku gunung-gunung nu leuwih leutik.

Dina mangsa Majapait, Pawitra téh jadi salasahiji karesian nu dianggap penting. Nya di acala (gunung) Pawitra, dina taun taun 1359, Hayam Wuruk ngadongdon biara nu aya di lebah mumunggangna, sakumaha nu kacatet dina Nagarakrtagama (canto 57: 2).
Kitu deui jeung Bujangga Manik, urang Sunda nu ngalalana dina abad ka-16 teu kaliwat ngadongdon ka Karesian Pawitra, sakumaha ditétélakeun ku inyana:
806. Sadatang ka Pali(n)tahan,
samu(ng)kur ti Majapahit,
na(n)jak ka gunung Pawitra,
rabut gunung Gajah Mu(ng)kur.
Bisa jadi, Mahapawitra nu kacatet dina sababaraha naskah Sunda Kuna téh idéntik jeung Gunung Penanggungan. Tapi engké heula, aya sababaraha perkara anu nimbulkeun kapanasaran. Kahiji, dina téks disebutna Mahapawitra, lain Pawitra. Tegesna, bisa waé éta téh mangrupa dua tempat anu béda. Kadua, naskah-naskah nu ditulis di Mahapawitra, iwal ti Sanghyang Sasana Maha Guru, kabéhanana ditulis dina daun gebang (atawa nipah ceuk para ahli mah). Kapan naskah nipah mah pajar ngan diproduksi di Jawa Barat. Ceuk istilah Peageaud mah ‘old treatise mostly from west Java’. Kitab Arjunawiwaha nu pangkolotna (1256 Saka/l.k 1334 M) ogé ditulis dina daun nipah. Sok sanajan eusina basa Jawa Kuna, tapi tempat ditulis (disalin)na mah di Kabuyutan Sanghyang Mandala Katyagan di Gugur nu ceuk Poerbatjaraka mah ayana téh di wewengkon tatar Sunda. Tegesna, leutik kamungkinan naskah nipah ditulis di luar wewengkon Sunda.

Kamungkinan séjén lebah-lebahna Mahapawitra, nyaéta dumasar kana katerangan ti Bujangga Manik, basa anjeunna aya di mumunggang gunung Papandayan. Ti dinya, Sang Ameng Layaran nyérangkeun ka jauhna, bari nataan ngaran-ngaran gunung nu katempo. Bujangga Manik nyatet (baris 1260-1262): Itu ta na gunung Raksa, Gunung Sri Mahapawitra, tanggeran na Panahitan (Tuh itu Gunung Raksa, Gunung Sri Mahapawitra, tihangna Panaitan).

Tina éta katerangan écés yén Mahapawitra téh ngaran séjén Gunung Raksa. Raksa téh hartina nangtayungan, ngaraksa. Gunung ieu nu jadi panangtayungan Panaitan, nu dianggap tihangna Pulo Panaitan. Panaitan téh pulo nu ngahubungkeun Banten jeung Sumatera Kidul. Ku urang Walanda mah sok disebut “Prinsen-eiland”. Nu jadi pananya, naon buktina Panaitan jadi hiji wewengkon nu disucikeun ku urang Sunda mangsa bihari?

Aya tapakna, di Panaitan, meneran di Gunung Raksa, kapanggih arca Siwa jeung Ganesha. Para ahli arkéologi boga kacindekan yén éta arca téh ayana ti abad ka-7 nepi ka 8 Maséhi. Arca nu kapanggih di Panaitan ogé boga ciri mandiri deuih, nu bisa dibédakeun jeung arca anu sarua ti Jawa Tengah atawa Jawa Timur. Ari Batara Gana atawa Ganésha, disebut deuih dina manggala téks Sanghyang Sasana Maha Guru. Batara Gana téh dianggap déwa nu méré panangtayungan, sabab ti Batara Gana gelarna lontar jeung gebang nu dipaké pangarang pikeun nuliskeun éta kitab téh (SSMG. III).

Tapak séjénna nyaéta tina Naskah Sunda Kuna Carita Radén Jayakeling (koropak 407) jeung Tutur Bwana (koropak 620). Dina koropak 407, Panaitan dianggap kabuyutan. Dina bagian awal karyana, nu nulis (atawa nyalin) naskah téh perlu nganyahokeun ka nu maca, yén karyana téh lain karya nu tambuh laku, tapi hasil capé gawé nyiar élmu, tatanya ka ditu ka dieu. Salasahiji nu jadi pangjugjuganna téh nyaéta Panaitan, sakumaha nu kaunggel dina téksna: “Panaitan eusi pikabuyutan, susuhunan Hujungkulan. Akiing bagawat Sang Gasri, beunanging nanya tilu lawé, ti nu séda ti patala, beunang[h]ing nyiar ti Jampang, beunanging ti Pulasari, beunanging ti Jakah Barat (koropak 407 lambaran 6v)”. Ditingali tina ngaran-ngaran tempat nu ditatan dina téks di luhur, gedé kamungkinan koropak 407 téh dihasilkeun di wewengkon kulon di Tatar Sunda.

Kitu deui upama ningali téks Tutur Bwana (koropak 620) nu kiwari keur digarap ku sadérék Rahmat ti UNPAD. Dina bagian awal téks Tutur Bwana, dicaritakeun prosés diciptakeunna alam dunya ku Haro (ngaran séjén déwa Wisnu?). Nu matak narik, aya tilu tempat nu dianggap bagian tina alam dunya, nya éta Hujung Kulan, Panahitan, jeung Bukit langlayang. Hujung Kulan téh dianggap minangka huluna dunya, Panaitan minangka buukna dunya, Gunung Langlayang minangka halisna dunya, sakabéhna mangrupa beungeut dunya: “huluna bwana inya na Hujungkulan, buuk na inya na Panahitan, halis na bwana inyana bukit Langlayang (koropak 620 lambar ka 37r).

Gedé kamungkinan Mahapawitra nu ditulis dina sababaraha kolofon naskah Sunda Kuna téh idéntik jeung Gunung Raksa nu perenahna di Panaitan. Ku kituna, perlu aya panalungtikan nu leuwih jero ngeunaan Panaitan patali jeung kabudayaan Sunda mangsa bihari, utamana tina jihat arkéologi.

Pun. Leuwih luangan, kurang wuwuhan.
Aditia Gunawan Nu nulis, kurator naskah Sunda di Perpustakaan Nasional RI.
Dimuat dina Majalah Mingguan Basa Sunda 'Manglé' No.2307.

5 comments:

  • sam soemadipradja says:
    Monday, 7 February 2011 at 23:21:00 GMT-8

    resep yeuh macana.....
    nuhun, sing junun,
    tetep panceg.... lega keneh ambahan sunda!

  • Urang Naskah says:
    Wednesday, 9 February 2011 at 19:38:00 GMT-8

    hatur nuhun wa Sam komentarna. Amiin, mugia wae tetep panceg dugi ka jejem...

  • Tedi Permadi says:
    Saturday, 25 June 2011 at 21:27:00 GMT-7

    alhamdulillah aya ki dulur nu mancen di pnri janten kurator naskah sunda..

    mudah-mudahan tiasa pangmukakeun lawang angin..

  • Urang Naskah says:
    Friday, 1 July 2011 at 00:59:00 GMT-7

    Hatur nuhun Kang. Mugia pareng. Mugi akang kersa ngaping..

  • Qi Jawi Natanegara says:
    Wednesday, 3 February 2016 at 08:11:00 GMT-8

    Mantaps gan...hatur nuhun ku tarekahna mugia janten panto pamuka lawang....Tabe seun

Post a Comment

Daftar Artikel