Berlangganan via email

Seluruh tulisan, gambar, dan foto dalam blog ini di bawah lisensi: Lisensi Creative Commons
ciptaan disebarluaskan di bawah Lisensi Creative Commons Atribusi-NonKomersial-TanpaTurunan 3.0 Tanpa Adaptasi.

Monday, 27 September 2010

Sagelar Sanghyang Wayang













http://hirzithariqi.files.wordpress.com/2010/01/wayang.jpg

Aditia Gunawan


Boma deungeun Ramayana, Korawa deung Adiparwa, Angdégaparwa Dornaparwa Santiparwa Satyaparwa, Karnaparwa Sorgaparwa, kalawan Agasti Sarwatuti, deung Cakrawati, kalawan na Sowéra Patra, Salakat deung Sarwatuti, Kontara jeung Rajanata, Tanjali deung Cakra Rohawati, Punggawa deung Bima Sorga, Wiwaha deung Pandawa Jaya, Kangkus deung Aci Puresanapala, kalawan Ratu Asihan, pauitan Parama Demit, Danansri ugan pagoyan, tunduk lawan pakedut /10r/han.

Caca(n)dén deung Kararangsén, tahampékan babaheuman, pangeusi binaya panti, patikrama madang kulan, isiraja kapankapa, tataan sang hyang medang. Kalawan warugan na pakwa, Patra deung Darmasona, Rudamala deung Askara, mangleuwi darma přetuti, darma wéya padonaan, pageni mangbang kamalé, prebokta putera wisésa, kukumba mahapawitra, bubuksah parahyangan, maha bungku medang tangtu, darining deung candra geni, sumineung darma sasana, deung pagagadan, bantis ti purba jati, /10v/ sri wanodri ma kusumah sri manggala maha padma, kalawan Tatwa Añjana, budi keling gagang aking, budi cipta i(n)dranata, kalawan Kunjayakarna, manguni Hurip-Huripan, kalawan Sri Maha Guru, sagelar sang hyang wayang.

[kropak 626, lambaran ka-10]

Dina Cupumanik édisi Fébruari 2009, maca tulisan beunang Wa Sas (Mamat Sasmita) nu judulna ‘Nyawang Kalangkang Wayang’. Dina nyukcruk sajarahna, cenah “Dina naskah Sunda kuna Sanghyang Siksakandang Karesian (SSK, 1518 M) disebutkeun lamun hayang nyaho carita Damarjati, Sanghyang Bayu, Jayasena, Sédamana, Pu Jayakarma, Ramayana, Adiparwa, Korawasarma, Bimasorga, Ranggalawé, Boma, Sumana, Kala Purbaka, Jarini, Tantri, tanya ka mémén. Mémén di dieu ku Saléh Danasasmita dihartikeun ‘dalang’. Ngan kecap wayang teu kasabit-sabit, naha cara nyaritakeun éta lalakon téh kumaha, naha siga mantun atawa aya alat peraga atawa kumaha euweuh kateranganana.”


Dina SSK mah kecap wayang téh teu kapanggih, kapanggihna kecap wayang téh nyaéta dina lambaran ka-10 téks Sunda kuna Sanghyang Swawar Cinta (Koropak 626) koléksi Perpustakaan Nasional RI. Rupa-rupa carita nu dipikawanoh ku urang Sunda mangsa harita (leuirna abad ka-17) ditataan hiji-hiji, ditungtungan ku kalimah ‘sagelar sanghyang wayang’. Cindekna, carita nu ditataan téh sakabéhna sok digelarkeun dina wayang. Kecap sagelar ngandung harti ‘sakabéh anu dipagelarkeun’. Kecap wayang ditambahan kecap sandang sanghyang deuih. Cindekna, wayang téh suci tur disucikeun.

Geura wé, urang Sunda dina mangsa ieu téks dijieun geus wawuh jeung carita Boma. Boma nu dimaksud tangtu sarua jeung Bhomakawya (Bhomantaka), ngalalakonkeun peperangan antara Kresna jeung Boma (anak Déwa Bumi). Ramayana, lalakon nu dianggap pangkahotna, tangtu dipikawanoh ogé. Nepi ka lalakon para puterana (Manabaya vs Bujanggalawa) dianggit deui dina wangun puisi Sunda buhun, mangrupa bukti résépsi ti nu maca Ramayana nepi ka nyieun kréasi anyar nu orisinal. Adiparwa, nu nyaritakeun silsilah katut kahirupan Pandawa jeung Korawa, ti mimiti lahir, mangsa barudakna, nepi ka sawawa, dipikawanoh deuih ku urang Sunda mangsa harita.

Korawa, jigana teu béda jeung Korawasrama, ogé dipikawanoh. Najan Andégaparwa teu kapaluruh, ngan tangtu mangrupa lalakon sempalan tina Mahabarata ogé. Santiparwa mah kitab ka-12 tina lalakon Mahabharata. Tapi ieu kitab téh teu kapanggih dina téks Jawa Kuna. Santiparwa ngalalakonkeun piwejang ti bagawan Bisma nalika geus teu walakaya dina saratalpa (ranjang panah) sanggeus kajamparing ku Arjuna. Demi Karnaparwa mangrupa kitab ka 8 tina lalakon Mahabharata, nyaritakeun Salya nu jadi kusir kareta Karna. Karna antukna nemahan pati ku Arjuna sanggeus perang tanding. Parwa ieu ogé teu kapanggih dina téks Jawa kuna deuih.

Salyaparwa (dina téks Satyaparwa) mangrupa kitab kasalapan tina wiracarita Mahabarata. Nyaritakeun ngeunaan klimaksna perang rongkah antara Pandawa jeung Korawa, Baratayuda téa, utamana nincak poé ka-18, nalika Salya diangkat jadi panglima perang. Tungtung caritana mah, Salya gugur ku Yudistira.

Dornaparwa, kitab katujuh tina Mahabarata, teu kapanggih deuih dina téks-téks buhun di Indonésia. Nyaritakeun bagawan Drona dina perang Baratayuda. Gugurna Drona alatan ditipu ku Yudistira, nu méré iber yén Aswatama, putrana Dorna, gugur. Padahal nu dimaksud ku Yudistira mah gajah nu ngaranna sarua Aswatama.

Sorgaparwa (dina tradisi Jawa Kuna Swargaroharaparwa) nyaritakeun Yudistira di sawarga nu diuji kaimananana ku para Dewa. Korawa diperenahkeun di tempat nu éndah di Sawarga, sabalikna, Pandawa diperenahkeun di tempat anu kacida hinana. Yudistira disina nangtukeun, tempat mana nu rék dipilihna. Kalawan haté nu sabil, Yudistira milih hirup katalangsara jeung dulurna di naraka batan babarengan jeung musuhna di sawarga. Saharita para Déwa lumungsur, naraka salin rupa jadi sawarga.

Patra jigana sarua jeung Partayajnya. Ngalalakonkeun Pandawa nu diusir ti istana Hastina, hirup sakaparan-paran di leuweung Amarta salila 12 taun tina sabab Yudistira éléh maén dadu, jadi lenyepaneun pikeun urang Sunda baheula, yén hirup ulah ngalajur napsu nepi ka nandonkeun naon nu dipicinta.

Bimaswarga nyaritakeun lalampahan Bima ka kahiangan, nu boga paménta ka Batara Guru sangkan bapana, Pandu, dibéré anugerah sawarga. Batara Guru nyanggupan kalawan sarat Bima sanggup ngajawab unggal pertanyaan ti manéhna. Saban pananya sanggup dijawab ku Bima nepi ka Batara Guru kawalahan. Antukna paménta Bima sangkan bapana asup sawarga, dikabulkeun.

Wiwaha téh hartina kawin. Teu apal tah, naha nu dimaksud téh Arjunawiwaha atawa Abimanyuwiwaha. Ngan nu leuwih populér, copélna di Jawa, nya Arjunawiwaha. Demi Pandawa Jaya, carita ngeunaan meunangna Pandawa dina perang rongkah Baratayuda, kapan jadi kitab nu dibaca ku Bujangga Manik basa nyuprih pangarti agama di Rabut Pasajén di wewengkon Jawa (tengah).

Carita Séjén

Sajaba carita wayang anu huluwotanana tina tradisi klasik India, carita-carita tina téks-téks sapandeurieunana nu dipikawanoh tina tradisi lokal ogé ditataan deuih. Upamana Darmasona (tangtu sarua jeung Darmasunya) nu eusina pangajaran ngeunaan yoga, pikeun manunggal jeung parama Siwa, ti mimiti tataran-tataran wujud siwa, prosés ngajadina alam dunia jeung manusa, bagbagan ngalaksanakeun yoga, nepi ka ngungkab jati diri sang wiku.

Cacandén (Élmu nu patali jeung taun), kararasén (élmu palintangan), teu kaliwat élmuning lelembutan dina carita Ratu Asihan jeung Parama Demit ogé dipikanyaho ku masarakat Sunda buhun.

Cindekna, sagala rupaning carita wayang (sagelar sanghyang wayang) nu ditataan di luhur téh geus jadi bahan apréasiasi masarakat Sunda bihari. Malah dina Siksa Kandang Karesian mah disebutna ogé guru panggung, guru dina papanggungan, geusan pangbeubeurah manah bari meunang hikmah. Hanjakalna, sawatara carita wayang bihari di luhur, aya nu teu (acan?) kaaprésiasi ku, atawa kawariskeun ka, seuweu-siwina.

Leuwih luangan, kurang tinabeuhan. Pun.
Nu nulis, Filolog naskah Sunda di Perpustakaan Nasional RI.

Dimuat dina Manglé No. 2289

2 comments:

  • yusandi says:
    Friday, 1 April 2011 at 01:06:00 GMT-7

    sae, kang. kenging dikopi paste?

  • Urang Naskah says:
    Sunday, 24 April 2011 at 21:58:00 GMT-7

    Mangga wae Kang.

Post a Comment

Daftar Artikel