Berlangganan via email

Seluruh tulisan, gambar, dan foto dalam blog ini di bawah lisensi: Lisensi Creative Commons
ciptaan disebarluaskan di bawah Lisensi Creative Commons Atribusi-NonKomersial-TanpaTurunan 3.0 Tanpa Adaptasi.

Wednesday, 30 June 2010

Siksa Kandang, Siksa Kurung, Siksa Dapur

http://wb5.itrademarket.com/pdimage/53/220953_31.mainan.jpg

Nepi ka kiwari masih kénéh aya nu ngabédakeun, cara ngéjah kecap kandang dina kecap ‘siksa kandang karesian’ téh. Sawaréh aya nu dihijikeun kandang, sawaréhna deui dipisahkeun kanda ng. Nu ngéjahna dipisahkeun boga anggapan, yén kecap kandang téh asal kecapna tina kanda (Jawa kuna) nu hartina ‘bagian’ diwuwuhan ku kecap pangantét –ng. Cindekna Siksa Kanda ng Karesian téh cenah mah ‘bagian aturan nu aya di karesian’. Ana kitu mah, kadituna tangtu bakal manggih siksa-siksa nu lain, siga kanda ng kadatuan (bagian di karaton), kanda ng kahulunan (bagian di rahayat leutik) jst.

Dina téks Sunda Kuna Sanghyang Sasana Maha Guru (SSMG) bagian kadua, écés yén kecap kandang lain tina kecap kanda ng, tapi kecap kandang, nu hartina méh sarua jeung dina basa Sunda kiwari ‘kandang, kurung’. Bédana, dina basa Sunda kiwari mah kecap kandang téh leuwih heureut nyaéta tempat neundeun sasatoan. Kecap kandang, kurung, jeung dapur sakabéhna nuduhkeun hiji diménsi, hiji wengkuan. Nya siksa kandang, siksa kurung, jeung siksa dapur ieu, nu nguger masyarakat Sunda mangsa harita sangkan gugon kana tetekon.

Aturan anu wengkuanana pangheureutna nyaéta siksa kandang. Da ayana ogé cenah di sakuliling salira, di sabudeureun diri urang, dina lingkungan sapopoé nu pangdeukeutna jeung urang. Tegesna, siksa kandang ngatur étika antara manusa jeung papadana. Kumaha hubungan jeung tatangga, deungeun-deungeun, atawa nalika urang indit-inditan diatur dina siksa kandang. Nu jadi catetan penting pangarang dina siksa kandang mah pangpangna teu meunang ngala nu lain alaeunana, nu lain hakna. Sabab, keuna ku paribasa kolot baheula ‘hiris meubeut ceuli lamun kacang meubeut tarang’, hartina, lamun nyieun kagorengan bakal aya rambat kamaléna ka balaréa tur ka diri sorangan. Sajaba ti aturan nu ditataan di luhur, étika papakéan nu merenah atawa étika nalika paamprok jeung nu lian diatur deuih dina siksa kandang téh.

Demi siksa kurung wengkuanana leuwih jembar deui, nyaéta saréngkak saparipolah jeung ahli agama (pandita). Sabab sagala rupa aturan kapan geus dipasinikeun ti bihari, ngaliwatan téks téks dina kitab suci. Saupama manusa geus paham kana eusining éta kitab-kitab téa, hartina éta manusa téh kudu nyaho kana sipat, guratan, watesan, katut jawaban tina laku lampah kahirupanana sorangan. Ana geus kitu mah, éta manusa geus hasil enggoning napak lacak tapak Déwa Brahma jeung Wisnu.

Undak deui ti dinya aya siksa dapur. Siksa dapur mah hakékat tina sagala ajaran-ajaran saméméhna. Mangrupa aci-aciningna manusa nu geus bisa meuseuh kahirupan profanna, nujul kana kahirupana nu transenden, ku baktina nu satia ka guruna, sang pandita.


Bagian ka-2 - Siksa Kandang, Siksa Kurung, Siksa Dapur
TÉKS
Ini siksa ka(n)dang ngaranya, siksa kurung, siksa dapur. Kalinganya: na siksa kandang ma ngara(n)na, sakuliling sarira. Jeujeueung ma na halwaan, halwaan si panghawanan, na ni(ng) panglu(ng)guhan, iña éta na ingetkeuneun deung urang. Maka iyatna-yatna! Sugan urang asup tepas, asup dalem, hanteu ngeunah lamun hanteu dayeuhanana. Ya siksa kandang ngara(n)na.

Masa urang paparan, hanteu ngeunah palar cidera ku pangeusi huma sakalih, ku pangeusi kebwan sakalih. Mangka nguni hiris meubeut ceuli, lamun kacang meubeut tarang, ngala tu(n)da ngala ka(n)tenan, nurunkeun sadapan sakalih. Hanteu ngeunah ngising di pi(ng)gir jalan, sugan kaa(m)beu ku nu bangah, bisi kasumpah kapadakeun, ambu, /5r/ ayah, pangguruan. Mulah mwa maké cangcut pangadua, sugan urang pajeueung deung gusti deung mantri, mulah mwa ngidal, pangadwakwakwa(ng)keun. Ya siksa k(an)dang ngaranya.

Siksa kurung ma, sakarma deung sang pan(di)ta. A(ng)geus ma hanteu ngeunah ngareuseuh beunang diheueum, ngarumpak sanghya(ng) siksa. Lamun a(ng)geus ñahwa diwuku-wuku dina leukeur-leukeur, dangda-dangdi sipat geuing, pangguratan, pangguritan, pangwaleran, pangwatesan. Satapak Hya(ng) Bra(h)ma Wisnu, basa ngawatesan bwana. Yata siksa kurung ngaranya.

Na siksa dapur ma ngara(n)na, ngadapetkeun puhun, ngahusir tangkal ku geui(ng) na bakti satia, di sang pandita. Ya siksa dapur ngara(n)na. Nihan sinangguh siksa kandang, ngaranya ling maha pandita.

TARJAMAHAN:
Nya ieu nu disebut siksa kandang, siksa kurung jeung siksa dapur téh. Maksudna, siksa kandang téh, aya disakuliling diri anjeun. Ningali rupa-rupa gogoda, gogoda dina perjalanan, atawa dina panglungguhan, nyaéta nu kudu diinget ku urang. Mangka perhatikeun sing iyatna! Sugan urang asup ka buruan, ka imah, moal ngeunah lamun urang lain nu dumuk di dinya. Éta nu disebut siksa kandang téh.

Mangsa urang indit-inditan, teu hadé boga niat deleka, ka batur nu boga ‘huma’, atawa batur nu boga kebon. Ku kituna, hiris meubeut ceuli lamun kacang meubeut tarang. Nyokot teuteundeunan atawa nu geus puguh nu bogana, nurunkeun sadapan batur. Teu hadé urang ngising di sisi jalan, bisi kaambeu ku nu balangah, engkéna bisi disumpahan jeung disalahkeun: ku indung, bapa, jeung paguron. Sawadina urang maké calana jangkep, bisi urang panggih jeung raja jeung mantri, urang kudu aya di kéncaeunana turta dongko. Éta nu disebut siksa kandang téh.

Siksa kurung mah, saréngkak saparipolah jeung para pandita. Jeungna deui hanteu hadé ngaganggu naon nu geus disapukan babarengan, ngarempak sanghyang siksa. Lamun enggeus mikanyaho sagala buku dina gulungan-gulungan (kitab), hukuman tina arah nu geus ditangtukeun, guratna, susunanna, jawabanna, watesanana. (Hartina urang geus) nuturkeun tapak Dewa Brahma jeung Wisnu, nalika ngawatesanan alam dunia. Nyaéta nu disebut siksa kurung téh.

Ari nu disebut siksa dapur mah, ngahontal sumberna, meunangkeun inti ku kasadaran kana bakti jeung satia ka sang pandita. Nya éta nu disebut siksa dapur. Nya ieu nu yang disebut siksa kandang, piwuruk ti Maha Pandita.

KABEUNGHARAN KECAP
• kandang ‘kandang, kurung’ = SdM
• kurung’kurungan’ = SdM
• dapur ‘wewengkon, wilayah, kelompok’ band. SdM dapuran
• sakuliling ’sakuriling, sabudeureun’ = SdM
• sarira ‘diri, awak sorangan’ SdM salira ‘(diri) anjeun’
• jeujeueung = jeueung + rajekan dwi purwa = ‘ningali’
• halwaan ‘gangguan, gogoda’ dina JwK ‘godaan birahi, jinah’
• panghawanan = hawan + paN-an = ‘perjalanan’
• panglungguhan = lungguh ‘diuk, cicing’ + paN-an = ‘tempat diuk, geusan cicing’
• iña ‘(panuduh) éta, itu’= SdM
• ingetkeuneun = (inget + keun )+ eun = ‘pikeun diinget’
• deung ‘jeung’. Sora d dina SdK ngalaman parobahan jadi j dina SdM. Dua hal nu bisa jadi kasang tukangna nyaéta (1) sora foném nu deukeut jeung (2) wangun aksarana nu méh sarimbag.
• dalem ‘imah’
• dayeuhanana ‘padumukna, warga, nu nyicingan (dayeuh)na’ Ind. penduduk
• masa ‘mangsa, nalika’
• paparan ‘indit-inditan, leuleumpangan’
• palar cidera = SdM ‘cidra, deleka’
• pangeusi ‘nu ngeusian, nu ngabogaan’ = SdM
• sakalih ‘salian ti urang (jalma kadua), batur’. kalih ti éta dina SdM = lian ti éta. JwK kalih = karwa ‘kadua’
• mangka nguni ‘kitu deui’ = JwK.
• hiris ‘sarupa kacang polong’ = SdM
• meubeut = beubeut + N = ‘ninggang (kana)’. hiris meubeut ceuli lamun kacang ninggang tarang jigana mangrupa paribasa buhun nu nuduhkeun kausalitas (sabab-akibat) tina hiji kalakuan.
• ngala = ala + N ‘ngala’ = SdM
• tunda ‘teundeun, teuteundeunan’. ngala – jigana ‘ngala teuteundeunan’
• ngala = ala + N = ‘ngala’. SdM ‘id’.
• kantenan ‘geus puguh, geus jelas’ = SdM & JwK
• sadapan ‘sadapan, nu disadap’, biasana kawung atawa kalapa = SdM.
• bangah ‘balangah’ dina SdM nu dipikawanoh ngan kecap balangah (bangah + -al-).
• kasumpah ‘kasumpah’
• kapadakeun ‘kasalahkeun, kacarékan?’ tarjamahan ukur dugaan.
• ambu ‘indung’
• ayah ‘bapa’, di baduy jero kecap ayah masih dipaké pikeun nyebut bapa.
• pangguruan= guru + PaN-an = ‘paguron’
• cangcut pangadua ‘raksukan jangkep, sasetél’ tingali oge SSKK bag.
• pajeueung ‘papanggih, paamprok’ = SdM
• gusti ‘raja’
• mantri ‘mantri’ jabatan pembantu raja mangsa baheula.
• ngidal ‘(aya di) kénca, kéncaeun’
• pangadwakwakwangkeun ‘nagog’ band. Mal jongkok
• sakarma = sa+ karma Skt ‘paripolah’ = ‘saréngkak, saparipolah’
• ngareuseuh JwK angrěsěhi ‘ngaganggu, nyababkeun kasulitan, ingkar, ngarempak’ teu kapanggih dina SdM (Z 944)
• beunang ‘hasil’= SdM
• diheueum ‘disapukan babarengan’. Dina PRR:224 heueuman ‘sawala, pajemuhan’. Dina JwK höm ‘kumpul, pajemuhan, rundingan’ (Z 349)
• ngarumpak ‘melanggar’
• sanghyang siksa ‘ajaran suci’
• wuku-wuku ‘buku-buku, kitab-kitab’ = JwK
• leukeur-leukeur ‘gulungan, lulunan’ = JwK
• dangda-dangdi jigana sarua jeung JwK danda ‘kakawasaan, hukuman, siksaan’ dangda-dangdi jigana nuduhkeun harti ‘rupa-rupa hukuman’
• sipat geuing ‘arah emosi, arah pikiran (nu geus ditangtukeun)’
• pangguratan ‘nu digurat’
• pangguritan ‘nu digurit’.
• pangwaleran ‘jawaban’ SdM lemes waleran.
• pangwatesan ‘watesan’
• bwana ‘dunia’
• ngadapetkeun ‘meunangkeun’ Mal. mendapatkan
• puhun ‘hakékat, inti, sumber’
• ngahusir ‘nuju, ngajugjug (ka)’
• tangkal ‘sumber, hakékat’ sinonim jeung puhun
• geui(ng) ‘émosi, kasadaran’

Kat: SdM=Sunda Modéren (basa)– JwK=Jawa Kuna (basa)– Skt=Sangskreta –Ind=Indonésia (basa)

hanca
[Aditia Gunawan]

0 comments:

Post a Comment

Daftar Artikel