Seluruh tulisan, gambar, dan foto dalam blog ini di bawah lisensi: Lisensi Creative Commons
ciptaan disebarluaskan di bawah Lisensi Creative Commons Atribusi-NonKomersial-TanpaTurunan 3.0 Tanpa Adaptasi.

Thursday, 1 April 2010

Kawih dina Naskah Sunda Kuna


Aditia Gunawan

Kataji pisan maca tulisan Mang Nano. S (ngaemangkeun baé nya, siga ka Mang Koko) nu dimuat dina Cupumanik édisi 78 No. 6 Januari 2010 nu dijudulan ‘Uyuhan Sakieu Gé’. Idé tulisan Mang Nano sanggeus maca buku Semangat Baru beunangna Mikihiro Moriyama (2005). Dina kateranganana, sajeroning maca téh susuganan anjeunna manggihan informasi ngeunaan lalaguan Sunda. Aya kahanjakal ti Mang Nano, nalika Mikihiro nyieun babandingan antara kawih jeung tembang. Éta cenah, pédah conto nu diasongkeun keur kawih téh nyaéta kawih-kawih kabéhdieukeun, nepi ka Miki boga kacindekan nu sarua jeung Van Zanten, yén kawih leuwih basajan batan tembang. Ieu cenah nu ceuk Mang Nano perelu dibuktikeun deui téh.

Peun lebah dinya mah, moal papanjangan. Nu rék dijieun pamiangan nu nulis pikeun ngabuktikeun naha enya kawih leuwih basajan batan tembang nyaéta tina naskah Sunda kuna (NSK) baé. Pangna kitu, taya lian, da asa saéta-étana nu sakurang-kurangna katalingakeun ku nu nulis. Kaduana, niat nuturkeun alur pikiran Mang Nano baé, anu ngarasa hanjakal kusabab babandingan Miki ngan dina kawih kadieunakeun baé lain kawih nu leuwih buhun sakumaha nu kaunggel dina Sanghyang Siksa Kandang Karesian (SSKK).

Kawih dina Naskah Sunda Kuna

Dina bagian ka-9 naskah lontar koropak 621, nu dijudulan Sanghyang Sasana Maha Guru (SSMG), kaunggel konsép ngeunaan caturupaya. Ieu bab téh dimimitian ku siloka dina basa Sangskreta:
‘alékiem sitem getem, jrebanem kadaranem
Sudem palaharasiem, nakabatéh guru mwatéh’ (Siloka ka-4)

Teu kaharti puguh ogé, da mémang lain kalimah nu ngaleunjeur sintaksisna, ukur gabungan kecap-kecap Sangskreta (disangskretakeun?) nu dibéjérbéaskeun dina paragraf-paragraf satuluyna. Tegesna, dina paragraf satuluyna dipedar naon anu disebut alékiem, sitem, getem, jrebanem, jsté. Husus dina pedaran ngeunaan getem ditétélakeun kieu:

Getem ngaranya, hanteu ngidung, ngawih, humaleuang, mangka nguni mikwanwakeun manéh bisa, preña wijaksana, di nu réya.

Pihartieunana leuwih kurang kieu:

Nu disebut getem téh, henteu ngidung, ngawih, ngahaleung, sumawonna akon-akon manéh bisa, rumasa wijaksana hareupeun jalma réa.

Tah, éta nu disebut getem. Salasahiji upaya tina opat upaya (caturupaya) nu kudu diupayakeun ku nu ngarabdi kana hukum (darma).

Kecap getem tangtu tina basa Sangskreta gīta nu hartina ‘lalaguan atawa nyanyian’, nu luyu jeung pedaran satuluyna. Dina éta pedaran kapanggih dua kecap nu ngahudang kapanasaran, nyaéta kecap ngidung jeung ngawih. Ngawih kecap asalna tina kawih, nu dina basa Sunda kiwari mah ngarujuk kana istilah ‘sora nu ngandung rumpaka sisindiran, sa’ir, atawa sajak boh kalawan ngagunakeun waditra boh henteu’ (Ensiklopédi Sunda, 2000: 334).

Pananyana, naha kecap kawih dina basa Sunda buhun ogé mibanda harti téknis sakumaha dina basa Sunda kiwari (ngandung metris rumpaka, sarat-sarat wirahma, jsté), lain lalaguan sacara umum? Tangtuna, pikeun ngarumuskeunana perelu ningali sababaraha data nu nyampak, dina ieu perkara mah nya naskah.

Dina koropak 408 (nu dijudulan Séwaka Darma) atra pisan dina padalisan awalna ditulis ‘Ini kawih panyaraman, pikawiheun ubar keueung’. Kawih panyaraman kapan kaasup salasahiji kawih nu dipidangkeun ku paraguna (juru kawih?) sakumaha nu kaunggel dina SSKK.

Hayang nyaho di sakweh ning kawih ma: kawih bwatuha, kawih panjang, kawih lalanguan, kawih panyaraman, kawih sisi(n)diran, kawih pengpeledan, bongbong kaso, pererane, porod eurih, kawih babahanan, kawih ba(ng)barongan, kawih tangtung, kawih sasa(m)batan, kawih igel-igelan; sing sawatek kawih ma, paraguna tanya.

Lain koropak 408 waé nu awalna disebutkeun kalawan teges yén éta karya téh mangrupa kawih. Koropak 615 dina awal téksna oge nyebutkeun yén ‘Ini Kawih Mahanyana, pikawiheun buat mangkuk’, samalah koropak 419 mah dijudulan ‘kawih paningkes atawa kawih panikis’.

Teks-teks Sunda kuna nu ditataan di luhur, sakaterang nu nulis mah, ditulis dina wangun puisi. Dina émprona, upama nyieun transkripsi, umumna bisa dipilah-pilah jadi dalapan engang sapadalisan. Metris puisi dalapan engang bawirasa méré kamungkinan nu gedé pikeun dilisankeun, dipidangkeun, dilagukeun, atawa dikawihkeun.

Tina katerangan di luhur bisa dicindekkeun, yén dina basa Sunda buhun, kawih ogé mangrupa istilah téknis, lain istilah lalaguan sacara umum. Kecap pagawéanna tina kawih nyaéta ngawih (ngalagukeun kawih), tur istilah pikeun jalma nu paham kana kawih disebut paraguna. Wangunna ogé henteu ‘basajan’ (copélna mun dibandingkeun jeung tembang), saupama ningali kanyataan yén téks Kawih Panyaraman (Séwaka Darma), Kawih Mahanyana, jeung Kawih Paningkes, rumpakana paranjang, mibanda fungsi nu béda (pikawiheun ubar keueung, pikawiheun buat mangkuk) tur ngandung eusi nu ragem deuih.

Keun sa deui éta mah, kitu ceuk Mang Nano ogé. Nu jadi kapanasaran deui téh, naha kecap ngidung dina teks SSMG tina kecap kidung dina harti téknis ogé, sakumaha nu harita geus dipikawanoh ku masyarakat Jawa jeung Bali umumna. Kidung dina harti téknis ogé mangrupa lalaguan nu kauger pola metris nu tangtu, turta polana téh méh sarua jeung naon nu ku urang (Sunda) disebut dangding! Éta hal bisa katitén tina ayana karya-karya kidung saperti Kidung Sunda, Kidung Wangbang Widéya, Kidung Rumeksa ing Wengi, jsté. nu diwangun maké patokan pupuh.

Perkara ngaraos seueulna mah, sed saeutik meureun jeung nu karaos ku Mang Nano. Komo narima kanyataan, yén kakara dina abad ka-19, urang Walanda kakara engeuh di Urang (Sunda) horéng boga basa sorangan. Komunikasi ménak nu geus kabawah ku Jawa (Mataram) meureun jadi salasahiji cukang lantaran tina salasaratusna.

Tapi kéla deuih, dihenteu-henteu saméméh Mataram ngabawah ka tatar Sunda, pangaruh basa Jawa (kuna) geus nerekab di Sunda. Copélna mun ningali basa dina naskah Sunda kuna nu geus aya saméméh Mataram. Bujangga Manik sorangan siga nu boga anggapan, yén basa Jawa (kuna) jadi salasahiji simbol kareueus, sabab upama geus ngawasa basa Jawa kuna, hartina weruh dina bab agama. Da risalah buhun kaagamaan réa nu ditulis dina basa Jawa kuna, upamana waé Sang Hyang Hayu (koropak 634, 1523 Maséhi), Serat Déwa Buda (koropak 638, 1435 Maséhi), Bimaswarga (koropak 623). Ceuk Bujangga Manik gé:

‘teher bisa carék Jawa
weruh dina eusi tangtu
aing bisa carék Jawa (baris 327-328)

Tegesna, meureun kajaba ti lingkungan pangagung birokrasi, méméhna ogé dina lingkungan kaagamaan téh geus kapangaruhan ku Jawa, nu matak teu anéh mun dina ulikannana kana tilu puisi Sunda buhun (Three Old Sundanese Poem, 2006 wedalan KITLV), Noorduyn jeung A. Teeuw merenahkeun Sunda kuna dina pigura ‘Jawa nu leuwih lega’. Deuh, jadi réa pisan kapanasaran téh, angot mun disanghareupkeun kana kanyataan yén réa kénéh sumber-sumber ngeunaan Sunda mangsa bihari nu can kaguar. Nu matak sapuk jeung Mang Nano, uyuhan sakieu gé.

Nu nulis, filolog, digawe di Perpustakaan Nasional R.I.

0 comments:

Post a Comment

Daftar Artikel