Berlangganan via email

Seluruh tulisan, gambar, dan foto dalam blog ini di bawah lisensi: Lisensi Creative Commons
ciptaan disebarluaskan di bawah Lisensi Creative Commons Atribusi-NonKomersial-TanpaTurunan 3.0 Tanpa Adaptasi.

Friday, 9 October 2009

Dasa Wredi: Sapuluh Ciri Kamajuan Ki Sunda

Esei Aditia Gunawan

Istilah sastra téh geus nyampak dina naskah Sunda Kuna. Dina larapna, sakabéhna nuduhkeun harti ‘tulisan’, luyu jeung ma’na asalna tina basa Sankskerta. Dina naskah Sunda Kuna mah, kecap sastra ilaharna kaunggel dina kolofon naskah. Biasana, pangarang Sunda nu handap asor, ménta hampura ka sang amaca ‘pamaca’ (lain pangregep!), ngarumasakeun yén sastrana (baca: tulisan) téh lir ibarat ‘tapak keuyeup di basisir’ nu babari ilang, kasaput angin.

Istilah sastra kapanggih ogé dina téks Sanghyang Sasana Maha Guru (satuluyna disingget SSMG), koropak 621 koleksi Perpustakaan Nasional RI (PNRI). Dumasar catetan kapurbakalaan N.J. Krom (1914), ieu naskah téh kaasup kana koléksi kropak Bandung nu diakuisisi ku Bataviasch Genootschap van Kunsten en Wetenschapen (BGKW) ti koléktor R.A.A. Martanagara (Bupati Bandung, 1893-1918).

Martanagara dipikawanoh minangka Bupati nu parigel dina merenahkeun infrastruktur kota Bandung, harita. Sajaba ti éta, raga katineungna kana budaya Sunda ogé pohara gedéna. Kabuktian ku karya-karyana dina basa Sunda, saperti Wawacan Angling Darma, Wawacan Batara Rama, Babad Sumedang, Piwulang Batara Sunu, jsté. Minat Martanagara kana kabudayaan utamana budaya Sunda ogé teu leupas tina apingan Radén Saléh jeung garwana Ny. Winkel Hagen nu nyakolakeun Martanagara ka Sakola Jawa di Semarang. Kapan Radén Saléh ogé kacatet salaku anggota BGKW tur jadi koléktor naskah deuih nu kawilang aktif.

Téks SSMG kiwari diteundeun dina peti no. 15, ditulis dina 36 lempir daun lontar, ukuranna 34, 3 cm x 4 cm., 4 baris unggal lempir. Aksarana Sunda Kuna, basana Sunda Kuna jeung Jawa Kuna, wangunna prosa. Sok sanajan aya dua lempir anu geus potong, ngan sacara umum mah kaayaanana kawilang alus.




Téks SSMG kungsi ditalungtik ku Pleyte taun 1914, sanajan kakara sacara fragméntaris, dijadikeun lampiran pikeun ngalengkepan artikelna nu dijudulan ‘Poernawidjaja’s hellevaart, of de Volledige verlossing; Vierde bijdrage tot de kennis van het oude Soenda’ (1914). Pleyte mah ngajudulanana téh Sanghyang Pustaka.

Dasa Wredi
Konsép Dasa Wredi kaunggel dina bab ka tilu, lempir ka-6 nepi ka-7. Eusina ngabéjérbéaskeun konsép sastra minangka tulisan. Sacara étimologis, Dasa Wredi diwangun ku dua kecap: dasa ‘sapuluh’ jeung wredi (skt. wrddhi) ‘kamajuan’. Cindekna, dasa wredi téh sapuluh tanda kamajuan. Nu jadi cirina, nya tulisan téa. Tulisan nu ditulis dina sapuluh rupa media: emas, pérak, tambaga, waja, beusi, batu, padung, pejwa (awi), taal (lontar), jeung gebang.

Tulisan dina emas kapanggih tapakna di candi Batujaya, Karawang, mangrupa lambaran prasasti Buda nu ngagunakeun aksara Pasca Palawa. Tulisan dina pérak mah can kapaluruh. Tulisan dina tambaga tapakna nu nepi ka urang kiwari nyaéta prasasti Kebantenan, nu dibeuli ku Radén Saléh ti masarakat nu dumuk di Kabantenan, Bekasi. Ieu prasasti ditulis ku aksara jeung basa Sunda Kuna. Kiwari diteundeun di Museum Nasional kalawan nomor inventaris E.1, E2, E.3, E.4, dan E.5). Eusina mangrupa piteket (pangéling-éling) ti Sri Baduga Maharaja ka rahayatna pikeun ngajaga wewengkon – utamana - Sunda Sembawa. Waja jeung beusi nu ngandung tulisan mah can kapaluruh, sanajan beusi mangrupa logam nu dimangpaatkeun ku urang Sunda ti baheula kénéh, pangna dina bahan adegan wangunan, saperti nu nyampak dina téks séwaka darma: “Tihangna beusi diukir, bahana beusi sagala, dihateupan beusi cina, disaréan ku maléla, didingdingan ku beusi kuning, lilinggana beusi panamar”.

Bujangga Manik nyebutna batu tulis pikeun tulisan dina batu téh. Kaitung réa tapakna nu masih kénéh aya bungkeuleukanana. Prasasti Batu Tulis di Bogor, Prasasti Cibadak di Sukabumi, prasasti Kawali di Ciamis, mangrupa bukti nyata tulisan dina batu ‘sastra munggu ring batu’ sakumaha nu kaunggel dina Dasa Wredi. Padung (kai) nu ngandung tulisan mah can kapaluruh, sok sanajan kiwari padung sok ditulisan ngaran jalma nu tilar dunya pikeun pananda di pajaratan.

Naskah: Awi, Lontar, jeung Gebang
Ieu tulisan baris neueul kana tilu média nu can ditataan di luhur baé. Pangna, nu tilu téa – awi, lontar, jeung gebang – bisa diasupkeun kana katégori naskah, nu sacara eusi, rédaksi, jeung fungsina bisa dibédakeun jeung nu ditulis dina média séjénna.

Pejwa (JK peja) 'awi' nyampak tapakna dina naskah Sunda Kuna. Di Perpustakaan Nasional aya tilu naskah tina awi téh, di antarana: Sanghyang Jati Maha Pitutur (SJMP, koropak 426 C), Kaleupasan (koropak 426 B ), jeung Een Bundel Tje Wichelstokjis (koropak 1212). Aksara nu digunakeun sakabéhna aksara Sunda Kuna, sedengkeun basana basa Sunda Kuna jeung Jawa Kuna. Ilaharna eusina singget, leuwih singget batan nu ditulis dina lontar jeung gebang. Geura wé, SJMP ngan aya 6 wilah (3 baris/wilah), Kaleupasan ngan 31 wilah (1 baris/wilah, eusina ukur 28 kalimah). Nepi ka kiwari, naskah tina awi, utamana nu aya di PNRI, can aya nu ditalungtik kalayan teleb!

Daun lontar mangrupa média nu pangréana digunakeun pikeun nulis naskah Sunda Kuna. Modél aksarana nyaéta aksara Sunda Kuna, iwal naskah ‘Kala Purbaka’ (kropak 506) nu ngagunakeun aksara Buda (corak Merapi Merbabu). Conto-conto tulisan nu ditulis dina lontar di antarana ‘Séwaka Darma’, ‘Carita Parahiyangan’, ‘Carita Purnawijaya’, ‘Bujangga Manik’, jsté.

Mang Ayat (Ayatrohaédi) suwargi nyebut gebang (Corypha utan), ari Pa Atja suwargi nyebutna daun rumbia (Metroxylon sagu) kana media nu ku para ahli kiwari disebut daun nipah (Nypa fructican) téh. Antara gebang, rumbia jeung nipah ngan béda dina ngaran spésiésna baé, da kelompokna mah sarua, palem. Gebang leuwih ipis batan lontar, pulasna leuwih pias, coklat semu konéng, tur ditulis ngagunakeun mangsi.

Antara lontar jeung gebang téh mibanda konsép nu béda. Dina ayat ieu ditétélakeun, yén tulisan dina lontar mah dingaranan carik ‘gurat’. Tulisan dina gebang mah dingaranan ceumeung ‘hideung’. Rada kaharti ayeuna mah, tulisan dina lontar mah digorés maké péso pangot, jeungna henteu hideung (hideung sotéh ku nu maca kadieunakeun diulas maké muncang nu geus disangray), sedengkeun gebang dingaranan ceumeung ‘hideung’ ku sabab ditulis ngagunakeun mangsi hideung, nu pulasna katémbong nyeplés, kontras jeung média nu dijadikeun alasna.

Dumasar konsép Dasa Wredi, antara lontar jeung gebang téh mibanda fungsi nu béda deuih. Lontar mah “aya éta meunang utama, kénana lain pikabuyutaneun”. Ieu kalimah ngandung harti, yén tulisan dina lontar mah eusina lain pikeun kabuyutan. Tegesna, pikeun masarakat nu leuwih lega, masarakat umum. Upama ningali bukti nu nepi ka urang kiwari, naskah-naskah tina daun lontar karéréaan wangunna puisi - upamana Bujangga Manik, Sri Ajñana, Pantun Ramayana, Carita Purnawijaya, jeung Séwaka Darma – nu gedé kamungkinan dibacakeun dina wangun pantun. Jadi pintonan nu sipatna leuwih populér pikeun masyarakat.

Sacara eusi – najan aya iwalna – karéréaan naskah lontar ngandung ‘galur carita’ jeung ‘tokoh’ nu ngalalakon. Sanajan eusina mangrupa téks kaagamaan (tutur), karasa pisan ayana galur carita téh. Téks Sri Ajñana, umpamana. Caritana mibanda galur carita nu ngaleunjeur, ti mimiti Sri Ajñana turun ka dunia alatan milampah dosa, néangan jalan pigeusaneun mulang ka kahyangan, nepi ka meunang kaayaan kaleupasan tina saniskara cocoba. Sajaba ti éta, naskah lontar mah euyeub ku ajén-inajén sastra, gaya basana leuwih beunghar ku métafora, purwakanti, jeung paralélisme. Da karéréaan ditulis dina wangun puisi.

Béda deui jeung naskah gebang nu, copélna nepi ka panalungtikan panganyarna, sakabéhna ditulis dina wangun prosa didaktis. Mangrupa ajaran mahaguru ka sang séwaka darma, muridna, saperti nu nyampak dina téks Sanghyang Hayu jeung Serat Déwa Buda. Naskah gebang mah fungsina pikeun kabuyutan ‘Ini ma iña pikabuyutaneun’, hasil tina tapa para wiku pandita. Tegesna, digunakeun ku lingkungan nu leuwih husus, nyaéta di kabuyutan.

Tina pedaran di luhur, tétéla, yén dasa wredi, mangrupa ciri kasadaran karuhun urang Sunda kana budaya tinulis nu pohara gedéna. Leuwih luangan, kurang tinabeuhan. Pun.

Lampiran
Suntingan Téks Sanghyang Sasana Maha Guru (kropak 621, lempir 7r, 7v, 14v)

......
Sastra munggu dina omas, sastra mu(ng)gu ring salaka, sa(s)tra mu(ng)gu ring ta(m)baga, sa(s)tra mu(ng) /7r/ gu ring cu(n)diga, sa(s)tra mu(ng)gu ring beusi, (sastra munggu ring batu), sastra mu(ng)gu ring padung, sastra mu(ng)gu ring pejwa, sastra mu(ng)gu ring taal, sastra mugu ring gebang.

Sastra mu(ng)gu ring omas, dingaranan premita mirah kañcana. Hadé rua hadé geus(an)na, kéna sui dit(eun)deunan diña. Sugan mwa réya na ñahwa, ña mana diturunkeun deui, sa(s)tra mu(ng)gu ring salaka, dingaranan ta ya kanaka. Diturunkeun deui, sa(s)tra mu(ng)gu dina ta(m)baga, dingaranan ta ya paripid. Diturunkeun deui, sa(s)tra mu(ng)gu ring cu(n)diga, dingaranan ta ya preka. Diturunkeun deui, sa(s)tra mu(ng)gu ring beusi, dingaranan ta ya gwatraka. Diturunkeun deui, sa(s)tra mu(ng)gu ring batu, dingaranan ta ya traspati. Diturunkeun deui, sa(s)tra mu(ng)gu ring padung, dingaranan ta ya saleu. Diturunkeun deui, sa(s)tra mugu ring pejwa, dingarana /7v/ n ta ya leupihan, sui dit(eun)deun dinya bisina biki wahya. Diturunkeun deui, sa(s)tra mu(ng)gu ring taal, dingaranan ta ya carik, aya éta meunang utama, kénana lain pikabuyutaneun. Diturunkeun deui, Sa(s)tra mu(ng)gu ring gebang, dingaranan ta ya ceumeung. Ini ma iña pikabuyutaneun. Ngaran sang hya(ng) ripta, ya sunya, ya lepihan, ya mastra, ya lépwa karana, iya pustaka katunggalannana. Nihan si(nang)guh dasa wredi ngaranya. /14v/

0 comments:

Post a Comment

Daftar Artikel