Berlangganan via email

Seluruh tulisan, gambar, dan foto dalam blog ini di bawah lisensi: Lisensi Creative Commons
ciptaan disebarluaskan di bawah Lisensi Creative Commons Atribusi-NonKomersial-TanpaTurunan 3.0 Tanpa Adaptasi.

Tuesday, 9 September 2008

Manakiban jeung Pangaosan Layang Séh

Julian Millie

AYA hiji tokoh Islam nu pohara sohorna dina tradisi agama Islam di Tatar Sunda. Jenenganana Abdul Qadir al-Jaélani. Ieu tokoh nu pupus di Bagdad taun 561 H/1166 M téh sok dianggap wali-ullah (kameumeut Allah). Numutkeun tradisi kawalian, Abdul Qadir téh pangluhungna ti sadaya wali lianna. Dina basa Sunda mah malah aya nu nyebut Kangjeng Sultan.

Tapak lacak pangaruh Abdul Qadir dina tradisi Sunda pohara euyeubna, babakuna dina widang sastra. Ti antara koléksi naskah Sunda, téks nu pangréana kapanggih téh nyaéta naskah-naskah kayaning Wawacan Layang Séh atawa Hikayat Abdul Qadir, nu eusina karomat-karomat Abdul Qadir.

Iwal ti nu mangrupa sastra tinulis, pangaruh Abdul Qadir téh kapanggih deuih dina sastra lisan gé, kaasup nu mangrupa jampé-jampé. Contona, jampé ”Paranti Leumpang”. Kieu unina:

Séh Saman di kénca,
Sultan Abdul Qadir di katuhu,
Kangjeng Nabi di payun.
Hu Alloh, Hu Alloh, Hu Alloh.

Tacan niténan makam Séh Jélan di Cibalong, Tasikmalaya. Éstuning napel pageuh wé pangaruh Abdul Qadir téh

Numutkeun tradisi Islam di Tatar Sunda, pikeun ngalap barokah lantaran Abdul Qadir, aya cara nu hadé nyaéta pangajian karomat-karomatna. Biasana éta pangajian téh diayakeun malem Juma’ah. Aya kalana éta pangajian téh diayakeun dina sukuran nyunatan atawa ngawinkeun. Iwal ti éta, éta pangajian téh bisa diayakeun pikeun hajat atawa ngantebkeun pamaksudan husus tumali jeung sakola, usaha, atawa tatamba. Ihwan-ihwan Surayalaya ngayakeun éta pangajian kalawan maneuh unggal bulan.

Kuring ngalaman sok milu kana pangajian modél kitu aya kana sataun di Bandung kalér. Harita kuring keur ngayakeun panalungtikan dina raraga nyusun disertasi. Tah, sajeroning ngayakeun panalungtikan, kuring remen ngadéngé balaréa nyebut kana ieu pangajian téh kalawan maké dua istilah. Aya nu nyebut manakiban, jeung aya deuih nu nyebut Pangaosan Layang Séh (layang ngandung harti kitab).

Basa karék ngamimitian panalungtikan mah kuring hamham kénéh naha éta dua istilah téh ngindung kana prak-prakan ritual nu béda atawa henteu. Ana rajeun nanya ka nu ngayakeun ritualna, walonanna téh remen nyebutkeun yén taya bédana éta dua istilah téh.

Siga nyaba ka Jakarta, cenah. Miangna mah bisa ngaliwat ka Subang, bisa ngaliwat ka Purwakarta. Hasilna sarua baé, nyaéta anjog ka Jakarta. Tah, anjog ka Jakarta téh dijieun ibarat pikeun ngalap barokah lantaran Kangjeng Sultan Abdul Qadir.
Tapi sanggeus sataun sok milu kana éta ritual, kakara kuring nyaho yén ti antara manakiban jeung pangjian Layang Séh téh horéng aya bédana, tur rada ganjor deuih perbédaanana téh.

Pangaosan Layang Séh sok diayakeun di sawatara lembur di Bandung kalér, kalawan dipingpin ku para sesepuh, boh lalaki boh awéwé, nu umumna mah taya patalina jeung tarékat. Para sesepuh téh mentingkeun pisan kontéks ritual. Nu boga hajat ilaharna nyayagikeun rupaning kadaharan, inuman, dangdaunan, jsté. Contona mah aya bubur beureum jeung bubur bodas, kopi, menyan, jeung hanjuang. Brak diamparkeun di tengah riungan.

Ti antarana aya nu penting disabit-sabit, nyaéta pangradinan. Ieu wadah téh dieusi sisir, seureuh, minyak seungit, lipensetip, carutu, katut eunteung leutik. Éta barang-barang téh dipercaya minangka barang-barang pikaresepeun Déwi Sri.

Mun urang tetelepék ka nu boga hajat, naon hartina éta sakur nu ditataharkeun téh, tangtu diwalon ku jalan ngécéskeun yén éta téh sasajén keur arwah karuhun. Menyan, upamana, dipercaya minangka barang nu kudu aya pikeun nepikeun hajat ka arwah karuhun.

Lantaran Pangaosan Layang Séh téh sok dilakonan minangka sukuran dina upacara raraméan, kayaning hajat nyunatan, ngawinkeun, jsté., puguh wé suasana pangajian téh ramé.

Dina Pangaosan Layang Séh aya nu maca wawacan kalawan maké seni pikeun nepikeun karomat-karomat Kangjeng Sultan. Harita, taun 2002-2003, kuring sok milu ka urang Bandung kalér nu sohor minangkan tukang maos wawacan, nyaéta Mama Rustana suwargi ti Kampung Cijerokaso. Dina pangajianana, lalaguanana rupa-rupa, utamana lalaguan nu sok dihaleuangkeun ku sinden.

Kaayaanana sok haneuteun upama nu ngariung jaradi juru alok kalawan sumanget ngagedur. Komo deui apan nu marilu ngaji téh disuguhan kopi, roko, tur diajak dahar dina ahir acara, puguh wé kaayaannaa téh beuki ramé baé.

Tah, kitu nu disebut Pangaosan Layang Séh téh. Ari nu disebut manakiban mah rada béda. Nu boga hajat ilaharna teu maké tata titi cara nu dicaritakaun di luhur. Atuh ritualna gé umumna mah dijadwalkeun kalawan maneuh tiap bulan atawa unggal malem Juma’ah. Jadi, béda ti Pangaosan Layang Séh nu diayakeun pikeun nandaan nu kaalaman dina hirup jalma.

Dina hiji buku nu nyampak di Pasantrén Suryalaya ngeunaan manakiban, teu disabit-sabit, upamana, yén méméh der acara téh kudu nyayagikeun heula kadaharan, dangdaunan jeung sasajén. Ari tujuanana, cenah, bisa pikeun ménta tawassul ku perantaraan hiji jalma nu dipaparin karomat ti Nu Maha Suci. Ku kituna, hajat téh bisa ditujulkeun ka Nu Kawasa ku perantaraan Abdul Qadir minangka wasilah.

Perbédaan kawas kitu téh teu salilana katingali. Aya sawatara kulawarga nu ngalakonan manakiban bari jeung maké rupaning tutuwuhan jeung masakan. Mun nanya naon hartina, sok diwalon yén téh papaés pikeun ngareuah-reuah suasana. Atuh menyan, upamana, aya mangpaatna pikeun ngaleungitkeun babauan. Lain sasajén. Kitu deui pamaksudan dina manakiban mah teu gumantung ka arwah karuhun.

Cék ihwan-ihwan Suryalaya, Pasantrén Suryalaya kungsi ”ngabuka” éta ritual. Méméhna mah apan dianggap teu meunang ngayakeun pangajian mun teu nyumponan rupaning sarat nu sing sarwa mahal. Tapi ayeuna mah sing saha baé bisa ngayakeun éta acara bari teu kudu ngaluarkeun waragad gedé.

Kiwari Pangaosan Layang Séh rada carang kapanggih. Boa méh-méhan carem. Konsép-konsép nu jadi dasarna geus teu diaku dina kahirupan balaréa. Ongkoh pan nu hayang ngayakeun Pangaosan Layang Séh mah kudu ngaluarkeun waragad badag, sasat patojaiyah jeung kaayaan ékonomi kiwari nu sing sarwa susah. Teu cara manakiban nu kuat kénéh, nu sok diayakeun ku ihwan-ihwan Suryalaya.***

Nu nulis, ahli antropologi ti Monash University, Ustrali.

Tulisan tina Majalah Cupumanik edisi on-line.
(Artikel Julian ngeunaan Abdul Qadir Jaelani dimuat oge dina BKI no.161 taun 2005 nu bisa didownload di dieu)

0 comments:

Post a Comment

Daftar Artikel