Berlangganan via email

Seluruh tulisan, gambar, dan foto dalam blog ini di bawah lisensi: Lisensi Creative Commons
ciptaan disebarluaskan di bawah Lisensi Creative Commons Atribusi-NonKomersial-TanpaTurunan 3.0 Tanpa Adaptasi.

Monday, 1 September 2008

Jadi Bujangga Manik: Ti Kawali ka Lur Agung

Memang geus diancokeun ti anggalna, tanggal 23 Agustus 2008 rék Nyiar Lumar ka Situs Astana Gede Kawali. Ieu acara téh diayakeun unggal dua taun sakali. Datang téh rada leuir, jam dalapan peuting karék anjog ka kantor kacamatan kawali. Di éta patempatan téh geus tumplek ku nu lalajo. Ti kidulna ti kalérna, ti kulonna ti wétanna, waas, marawa obor nepi ka irungna maréhong.

Ari kuring, ka ditu téh ngaduakalian. Nu mimiti mah taun 2004, harita téh bareng jeung Cep Rizal Sabda nalika kacatet jadi mahasiswa kénéh (nu ayeuna mah saurna parantos soléh). Demi acarana sorangan teu jauh béda jeung opat taun kalarung. Acara dimimitian ku Ngawalan. Para pamilon Nyiar Lumar silaturahmi di pakarangan Pendopo kacamatan Kawali, bari disayagikeun bajigur, seupan boléd, jsté. Satutasna bubuka jeung sambutan ti panata acara tur sawatara inohong, pamilon Nyiar Lumar nyikreuh mapay sawatara patempatan anu ruteuna geus diatur ku panata acaraanu jungna ka Situs Lingga Hyang Astana Gedé.

Ka ditu téh nyaléndro saenyana mah, kajaba ti hayang lalajo rupaning kasenian téh, kajurung ku hayang ningali sacara langsung bungkeuleukanana prasasti kawali. Enya, nalika dititétan aksara nu ngagurat dina batu, bet aya nu karasa jero dada, nu nulis prasasti téh yakin uing mah, karuhun uing... da dina kekecapanana, basana, bet karasa pisan, kolot uing tangtu nu nulisna téh. Geura waé titénan jeung rarasakeun:

nihan tapak wa-/ lar nu siya mulia tapa (k) i/ na prabu raja wastu/ mangadeg di kuta kawa/ li nu mahayu na kadatuan/ surawisesa nu marigi sa/ kuliling dayeuh nu najur salaka/ desa aya nu pa (n) deuri pakéna/ gawé rahayu pakeun heubeul ja/ ya di buana.

Atawa nu ieu:

Aya ma/ nu ngeusi i/ nya kawali i/ ni pakena ke/ rta bener/ pakeun na (n) jeur/ na juritan.

Prasasti Kawali

Isukna laju nuluykeun deui lalampahan ngétan ngalér, ka Kuningan. Ti kawali numpak beus tilu parapat jurusan Cirebon, maksud rék nepungan balad baheula, sakalian rék ningali naskah Sunda nu aya di éta wewengkon. Nepi ka terminal Cirendang téh kira jam sapuluh isuk, disms harita kénéh balad nu rék ditepungan téh. “Enya, dagoan wé.” Kitu balesan sms-na. Teu sugan aya rarasaan curiga mah, lima menit, sapuluh menit, satengah jam, nu didagoan weléh teu datang, antukna nanyakeun ka nu di kios warung. “Dupi ti Ciawi Gebang ka Cirendang sabaraha lami?”
“Tiluparapat jam.” Pokna. Édas, paingan atuh.
Sanggeus panggih, nya tuluy muru imahna nu di Ciawi Gebang téa. Ngobrol ngalér ngidul nepi ka manéhna némbongkeun dua naskah Sunda, euweuh judulan, ukuran kertas A5. Ngan sabada dibaca saliwatan, kaciri yén nu hiji maké basa Sunda, nu hijina deui mah maké basa Jawa Sunda (Cirebon), aksarana pégon. Nu bogana téh ngarana Iis, urang Lur Agung (babaturan balad kuring).
Asa kungsi ngadéngé kecap Lur Agung. Mun teu salah mah dina naskah Bujangga manik. Lur Agung téĥ mangrupa dayeuh kolot (dayeuh nu geus kawilang kolot), sahenteuna dina abad 16 M. Ieu hal katitén tina catetan lalampahan Bujangga Manik Bait 77-79:

katukang bukit C(e)remay.
Sacu(n)duk ka Luhur Agung, meu(n)tasing di Cisinggarung.

Gedé kamungkinan Luhur Agung téh Lur Agung kiwari. Teu jauh ti dinya ogé perenahna Gunung (BM: Bukit) Ceremay jeung Susukan Cisanggarung (BM: Cisinggarung). Da enyaan, dina lebah mumunggang pasir, kaserangkeun alas peuntas; Jawa.

Mulang ti Kuningan téh kira jam opat pasosoré, kaingetan deui carékna Bujangga Manik:
Tosta geura pulang deui. Mumul nyorang urut aing
(Anggur geura mulang deui
Cadu nyorang liliwatan aing)

Antukna, numpak beus téh nu liwat jalur Pantura wé.

Jakarta, 25 Agustus 2008

1 comments:

  • Heri Hermawan says:
    Thursday, 21 January 2016 at 19:04:00 GMT-8

    Salam Kawawuh kang, karasa nya kang ka jero hate, simkuring oge kitu. ku rindu Sunda Galuh incu2 na sabab ngarasa kalengitan Padjajaran. Simkuring oge keur ngulik ka tempat kabuyutan Galunggung,Kawali,karamgkamulyan,Badigul Rancamaya, Banten. ulin kang lamun aya waktos ka Museum Pusaka Galuh Ciamis Lamun bade ningali titingalan kerajaan galuh.

Post a Comment

Daftar Artikel